Vous êtes sur la page 1sur 2

Asal Muasal Cika-Cika

Jaman baheula baheula ge baheula deui aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pengeusi
eta lembur, meh kabeh jelema carukup. Demi pangupajiwana kana karajinan ngabatik.
Kacaritakeun di eta lembur aya hiji randa boga anak awewe ngaran Marini. Nyi Marini ku
indungna pohara diasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawean indungna.
Pagawean di dapur jeung di imah kabeh ditangkes ku manehna. Malah kalan-kalan Nyi
Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.
Dina hiji poe indungna meunang ondangan ti tatanggana nu rek ngawinkeun anakna
awewe. Nyi Marini ku indungna meunang milu ka ondangan. Manehna kacida
atoheunana, lantaran bakal make baju alus jeung make samping weuteuh, meunang
ngabatik indungna. Tapi aya kasusahna, lantaran manehna teu bogaeun cucuk gelung.
Sapeupeuting, henteu boga cucuk geulung keur pakeeun isuk ka ondangan teh, jadi
pikiran Nyi Marini. Manehna diuk hareupeun jandela, bari neuteup bentang-bentang nu
tingkaretip di langit.
Di jero hatena manehna ngecewis, mana teuing senangna mun aing boga bentang
pikeun cucuk gelung karek oge mikir kitu, ujug-ujug aya nu ngempur cahyaan rag rag
kana lahunanana. Nyi Marini kageteun pisan, turug-turug kadenge ku manehna aya sora
tan katingalan Marini, ieu bentang nu dipakayang ku maneh pikeun cucuk geulung tea.
Heug geura pake isuk kana pesta kawinan batur maneh, lantaran teu meunang budak
rajin jeung hade ka indung. Tapi maneh teu meunang ngomong sombong. Mun maneh
ngomong sombong atawa boga pikiran sombong, ie bentang baris leungit teu puguhpuguh
Nyi Marini kacida atoheunana, dina hatena jangji, yen moal boga pikiran jeung ngomong
sombong.
Isukna, Marini make cucuk geulung bentang tea. Manehnas katenjona geulis pisan sarta
cahyaan. Kabeh nu aya di dinya ngarasa heran. Nyi Marini leuwih diperhatikeun ku
sarerea ti batan panganten. Babaturanana kabeh muji kageulisanana. Ku lantaran kitu,
manehna mikir, kacida senangna dipuji-puji ku babaturan, ngan aing sorangan anu
panggeulisna lantaran make cucuk geulung bentang, karek oge mikir kitu, cucuk
geulung bentang teh ujug-ujug leungit

Ih Marini geuning leungit cucuk geulung maneh teh ceuk salahsaurang baturna. Marini
kageteun pisan, manehna kakara ingeteun yen manehna boga pikiran sombong. Pohara
manehna hanjakaleunana.
Kabeh jelema nu aya dina eta pesta mangneangankeun cucuk geulung nu leungit tea,
nepi ka pakean-pakeanana kalotor, tapi nu leungit weleh teu kapanggih. Ningal kitu, Nyi
Marini pohara karunyaeunana ka maranehanana. Di jero hatena manehna jangji, nu
manggihkeun baris dipersen, itung-itung mulang tarima.
Ieu marini, cucuk geulung maneh tek kapanggih ceuk salasaurang baturna. Nyi Marini
atoheunana. Tuluy manehna nyalukan batur-baturna. Ku manehna dicaritakeun asal
usulna eta cucuk geulung bentang teh. Satuluyna manehna nyarita kieu, Ayeuna kuring
embung make cucuk geulung bentang sosoranganan, tapi rek dibagikeun ambeh dipake
ku sarerea babarengan
Sanggeus ngomong kitu, tuluy eta cucuk geulung bentang teh dibantingkeun nepi ka
remuk. Tuluy eta reremukan teh haliber, jadi nu ayeuna disebut Cika-cika, cenah!

Vous aimerez peut-être aussi