Vous êtes sur la page 1sur 2

NAMA:RADHI

KELAS:6B
B.SUNDA
Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas VI nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu
parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu
acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu dipihormat. Dina ieu waktos, sim kuring bade ngadugikeun kumaha
pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Luyu jeung hadis Rasulullah,
kabersihan teh sabagian tina iman. Salaku jalma nu iman, urang tangtuna moal
ngalalaworakeun perkara kabersihan. Urang sadaya kedah ngajaga lingkungan
sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu,
urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak,
meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna,
miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu
nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi
suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng
lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan
hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu
kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa
ngahapunten.
Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

Vous aimerez peut-être aussi