Vous êtes sur la page 1sur 3

Assalamualaikum wr.

wb

Kalawan nyebat jenengan allah anu maha pemurah tur anu maha asih.
Segala puji eta tetep kagusti allah anu parantos ngaluarkeun mantenna ka jalma-
jalmamu’min tina poekna kakufuran kana cahaya kaimanan anu nyaangan kana
hate-hatena.
Sagala rahmat jeung kasalameutan muga-muga dicurahkeun ka jungjungan
alam, gusti urang sadayana kangjeng Nabi Muhammad SAW.anu nepikeun risalah
jeung anu mawa ka jalma-jalma kana jalan kasalameutan tina sifat-sifat
kadholiman,jeng mugi dipasihan rahmat jeung kasalameutan kakulawargana
jeung kapara sahabatna…..
Para hadirin sadaya anu mulya. Sateuacana ngamukakeun ieu kasempatan,
langkung tipayun urang sadaya urang snaggakeun puja sinareung puji syukur
kahadirat Allah Swt. Anu mana manteuna maparin karunia kaurang sadaya tiasa
kumpul ngariung mungpulung sareung papada urang dina ieu acara. Kalayan
henteu aya halangan sarta gangguannaon-naon oge mudah-mudahan ieu acara
masing ngajadikeun hiji pangalaman dina ningkatkeun wawasan kana
ngaluhurkeun Agama Islam.
Solawat sarta salam mugia tetep dilimpahkeun kajungjungan urang sadaya,
Nabi Besar Muhammad Saw. Sabab ku ajaran mantena anu dianut ku urang
sadaya, anu mawa kana kasalameutan pikeun kahirupan di Dunya sareung di
Akherat.
Hadirin Rohima Kumullah!
Lamun urang sadaya nyarioskeun masalah ni’mat allah ta’ala, maka moal
aya anu bias ngitung kana eta nikmat, sabab sagala rupa perkara nu kuurabg
sadayana di alaman jeung anu di bogaan eta sakabehna paparin ti Gusti Allah swt.
Oge lamun urang sadaya tiasa ngalangkahkeun dampal dua suku dongkap
kanu tempat anu bahagia ieu,eta ngarupakeun anugrah ti Gusti Allah swt, entong
boro usik sanajan ngiceup oge moal bias.
Kuayana tumarima kana eta sadayana maka sakabehna jalma bakal bias
syukuran kana ni’mat Gusti Allah,maka anu ngarupakeun kasehatan jasmani
atawa rohani sarta anugrah anu sejena kuayana kacida pisan pentingnasyukuran
kana ni’mat anu ku Gusti Allah parantos dipasihkeun kaurang sadaya, maka Nabi
Muhammad saw ngadawuh.

“Ari nyaritakeun kana ni’mat Allah etateh syukur jeung ari ninggalkeun
nyaritakeunni’mat allah eta kufur jeng sha jalma anu heunteu syukur kana ni’mat
anu saeutik maka henteu syukur manehna kana ni’mat anu loba.jeung saha jalma
anu henteu syukur ka jalma anu sejen maka henteu Syukur ka Gusti Allah,jeung
ari kumpulan eta rahmat jeung ari pipisahan eta siksa” (hadist riwayat baehaki).

Setiap kanikmatan anu geus diparinkeun ka urang sadayana eta the kudu di
syukuran ku urang sadaya, naha ku ucapan atawa pagawean saperti mere
kadaharan ka anak-anak yatim kapakir miskin. Jadi nikmat Allah, sok sanajan
saeutik eta kudu disyukuran ku urang sadaya , sabab saha bae jalma anu henteu
syukuran ni’mat anu saeutik maka henteu syukuran nikmat anu loba, jeng deui
eta jalmateh kaasupkeun jelema anu kufur nikmat.
Para hadirin anu dipicinta!

Berjamaah nurutkeun ieu hadits eta the kumpulan,bersatu,kusabab kitu


urang sadaya heunteu menang ngasingkeun diri ngajauhan ti masyarakat, naon
sababna? Karana ari berjamaah eta ngarupakeun hiji-hijina jalan pikeun
ngahasilken kahadean. Jeng kudu teurang aranjeun yen ari berjamaah eta
ngarupakeun rahmat , jeung deui urang sadayana kedah terang kana saenyana
pipisahanteh eta siksa (Azab). Kuayana kitu, msks urang sadayana kudu hirup anu
bermasyarakat jeung sauyunan, sabab moal luput satiap jalma anging mika butuh
ka jalma sejen. Jadi rasa persatuan jeung rasa kesatuan anu ku urang sadayana
kudu tetep digalang babarengan dina ngawujudkeun rasa katengtraman dina
kahirupan bermasyarajat.
Mung sakitu anu tiasa didugikeun kahadirinsadaya, mudah-mudahan sing aya
manfaatna Amin.
Kirang sinareng langkungna hapunteun anu kasuhun, Akhirul kalam

Wasalamualaikum wr wb.

Vous aimerez peut-être aussi