Vous êtes sur la page 1sur 2

Tugas Bahasa Sunda

Davina Salsabila Fakhirah


Kelas IV B

AKI NGANTUNKEUN
Tipayun abdi kelas dua SD, Kinten-kinten abdi nuju yuswa tujuh
tahunan , kaleresan abdi nembe uih ti sakola abdi ngadangu telepon ti pun
uwa rehna pun aki udur dugi ka dicandak ka Rumah Sakit di Bandung.Abdi
sakulawargi te nyangki dugi kakitu, rehna waktos dinten kamarina pun aki
sareng pun nini angkat ka Bandung dicandak ku wa Cepi waktos wengi-
wengi maksadna hoyong ameng ka Bandung.

Wa Cepi bumina di Bandung sareng didamelna di PEMDA Bandung .


Wa cepi angkat ka Garut kumargi pun aki nelepon ka wa Cepi hoyong
angkat ka Bandung hoyong liburan . Teras kinten-kinten bada isya wa
cepi dugi ka Garut. Kinten-kinten tabuh dalapan wengi wa Cepi, pun aki
sareng pun nini angkat ka Bandung ngangge mobil kagungan wa cepi.
Tabuh sapuluh wengi pun aki, pun nini sareng wa Cepi dugi ka bandung di
bumina wa Cepi.

Saparantos ngadangu pun aki dirawat di Rumah Sakit Bandung, abdi


sakulwargi sareng kulawargi om Andri enjing-enjing keneh angkat ka
bandung, kaleresan abdi nuju libur sakola. Saatos dugi ka Bandung teras
abdi sakulawagi sareng om Andri ngabujeng ka Rumah sakit Cibabat bade
ngalongok pun aki, da pun aki dirawatna di Rumah Sakit Cibabat nu ayana
di kota Bandung.

Di rumah Sakit Cibabat pun aki dirawat di lantai dua. Waktos dugi ka
lantai dua abdi sakulawargi sareng kulawargi om Andri ngabujeng ka pun
aki. Pun aki dina pangambung sareng lameyna sareng pananganna
nganggo alat sapertos selang Abdi sadayana tekiat ningalna, pun biang
dugi ka nangis. Di Rumah Sakit sadayana raka-raka sareng rai-rai pun
biang oge wargi-wargi nu bumina di Bandung araya sadayana.

Di Bandung abdi sadayana mondok di bumina wa cepi. Teras


enjingna, enjing-enjing keneh abdi sadayana ngabujeng deui ka Rumah
sakit Cibabat ningal pun aki. Pun aki katingalna parantos damang waktos
enjing-enjing, teras konten kinten tabuh salapan abdi sakulawargi, wa
popi sareng wa iyen pamitan ka pun aki sareng pun nini bade uih ka garut
kumargi enjingna bade ka sakola .

Waktos abdi sadayana nembe dugi ka Cileunyi bi Pipit nelpon saurna


piwarang uih deui ka Bandung kumargi pun aki repot. Abdi sadayana uih
deui ka bandung ngabujeng ka rumah Sakit Cibabat tempat pun aki
dirawat.Saatos dugi ka rumah Sakit leres wae pun aki nuju diparios ku
dokter sareng perawat. Sanaos tedamang repot pun aki masih tiasa
nyarios miwarang ka sadayana putrana ngabantos pun aki ngaraos ayat
suci al-Quran.Saparantos uwa sadayana sareng rai-rai pun biang ngaos
pun aki nyarios, saurna tos ngaraosna ayena apa bade ngaos . Teras
pun aki nyarios Laillahaillallah , teras rarayna ka palih kanan dugi ka
ngantunkeun.
Saatos pun aki ngantunkeun dinten jumat tabuh dua kirang, layon
pun aki dicandak ka Garut ka jalan SMP tilu. Waktos dugi ka Jalan SMP tilu
abdi sadayana ninggal tatanggi pun bapa nu caraket sareng nu tarebih
parantos seueur di kawit jalan dugi ka bumi.Saatos dugi ka bumi pun aki,
teras layon disiraman ku raka-raka pun biang sareng tatanggi pun aki dugi
ka di kurebkeun di wanaraja di makam kulawargi.

Vous aimerez peut-être aussi