Vous êtes sur la page 1sur 2

Asal Muasal Bulu Lutung Hideung

Jaman baheula sasatoan teh barisa ngomong kawas jelema biasa. Sakabeh sasatoan
hirupna teh sauyunan jeung tara mumusuhan. Ari anu dianggap mush ku sasatoan teh ngan
hiji, nyaeta paninggaran.

Hiji poe si kuda Sebra jeung si Lutung keur ngalobrol.

Tung jigana mah ngan bulu urang bae anu teu rupa-rupa warnana teh, nya? ceuk si kuda
Sebra

Enya nya, nga urang bae nu goreng bulu teh. Tenjo tuh si Merah mah, buluna mani rupa-
rupa, tembal si Lutung.

Tung, kumaha lamun bulu urang teh urang pulas bae ambeh rupa-rupa kawas batur! ceuk si
kuda Sebra.

Hayu bae, ayeuna urang menta cetna heula ka patani, sugan bae bogaeun keneh, sesa eta
patani ngecet saungna tembal si Lutung.

Bral bae si Sebra jeung si Lutung arindit ka imahna patani, rek menta cek. Kabeneran di imah
patani aya keneh cet, tapi kari cet hideung.

bae lah cek hideung oge ceuk si Sebra, nya dibikeun bae cet teh ku patani ka Si Sebra jeung
si Lutung.

Kacaritakeun si Sebra jeung si Lutung sasadian rek mulas bulu maranehna.

urang heula ah nu dipulasna ceuk si Sebra, Sok bae lah tembal si Lutung bari prak mulas
bulu si Sebra. Ari Warnana teh geus disatujuan ku duanana oge, nyaeta warna belang. Ku
sabab bulu si sebra mah bodas, nya warna buluna teh jadi hideung bodas, mani alus
katenjona oge.

Sanggeus bulu si Sebra kabeh dipulasna, nya ayeuna bagean si Sebra mulas bulu si
Lutung. Ku sabab cetna di handap, nya ku si Sebra teh rek dikatempat nu rada luhur, kakara
ge cet teh rek dikaluhurkeun, na ari jeletit teh suku si Sebra digegel sireum. Bakat ku kaget,
nepi ka cet teh ragrag ngabanjur si Lutung nu keur diuk handepan si Sebra. Nya atuh bulu si
Lutung jadi hideung saawak-awak. Tah ti harita lutung teh warna hideung.

Vous aimerez peut-être aussi