Vous êtes sur la page 1sur 7

ANALISIS UNSUR-UNSUR INTRINSIK DINA

DONGENG LEGENDA CIUNG WANARA

( MAKALAH )

Diajukeun Pikeun Nyumponan Salah Sahiji Pancn Kelompok

Mata Pelajaran Basa Sunda

Disusun Ku

Kalampok : 5

Kelas : X IPS 5

SMA NEGERI 1 RENGASDENGKLOK

2017 -2018
Ketua : Melly Gustiani

Anggota : Hana Hanifah

Salsabilla

Rini

Azka
Ciung Wanara

Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita teh


nyaeta Prabu Barma Wijaya Kusumah.Anjeuna gaduh permaisuri dua.Nu hiji
Dewi Naga Ningrum anu ka dua Dewi Pangrenyep. Harita duanana keur
kakandungan.
Barang nepi kana waktosna, Dewi Pangrenyep ngalahirkeun budak lalaki
kasep jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan tiharita Dewi Naga
Ningrum og ngalahirkeun, diparajian ku Dewi Pangrenyep, orokna lalaki deuih.
Tapi ku Dewi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi kasaolah-olah Dewi Naga
Ningrum th ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saestuna diasupkeun kana
kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan
citanduy.
Nyaho kaayaan kitu, sang Prabu kacida ambekna ka Dewi Naga Ningrum.
Terus nitah ki Lengser supaya maehan Dewi Naga Ningrum, lantaran dianggap
geus ngawiwirang raja pedah ngalahirkeun anak anjing. Dewi Naga Ningrum
dibawa ku Lengser, tapi heunteu dipahan. Ku Lengser diselongkeun ka leuweung
nu jauh ti Dayeuh Galuh.
Ari kandaga anu dipalidkeun ta, nyangsang dina badodon tataheunan lauk
aki jeung nini Balangantrang. Barang aki jeung nini Balangantrang neang
tataheunana, kacida bungahna meunang kandaga th. Leuwih leuwih sanggeus
nyaho yn dijerona aya orok lalaki anu mulus tur kasep. Gancang budak th
dirawu dipangku, dibawa kalemburna nyaeta lembur Geger Sunten sarta diaku
anak.
Kacaritakeun budak th geus gede. Tapi masih keneh can dingaranan. Hiji
po budak th milu ka leuweung jeung Aki balangantrang. Nnjo manuk nu alus
rupana. Nanyakeun ka aki Balangantrang.
Aki ari itu sato naon?
Eta th ngarana manuk Ciung Jang.Tuluy budak th nnjo monyet.
Ari nu itu naon aki? Dijawab deui ku si aki.
Eta th ngarana Wanara. Budak th resepeun kana ta ngaran, tuluy ba
mnta
supaya manehna dingaranan Ciung Wanara.
Mun kitu mah ngaran kuring teh Ciung Wanara bae atuh Ki !.
Aki jeung nini Balangantrang satuju.
Ayeuna Ciung Wanara geus jadi nu kasep sarta gagah pilih tanding. Ari
endogna ta disileungleuman ku Naga Wiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna.
Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.
Dina hiji po, Ciung Wanara amitan ka aki jeung nini Balangantrang sabab
rk nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngelek hayam jago ta. Barang nepi ka
alun-alun amprok jeung Patih Pura Wesi katut Patih Pura Gading. Nnjo Ciung
Wanara mawa hayam jago, ta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara
dilayanan prung wa hayam th diadukeun. Hayam patih lh nepi ka pahna.
Patih dua ngambek, barang rk ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih
buru-buru laporan ka raja.
Ari Ciung Wanara papanggih jeung Lengser. Terus milu ka karaton. Nepi ka
karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana make tandon.
Lamun hayam Ciung Wanara lh tandona nyawa Ciung Wanara. Sabalikna
lamun raja nu lh tandona nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris
dijenengkeun jadi raja tur diaku anak.
Gapruk ba hayam th diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara th
kadeseh, terus kapaehan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi cibarani, dimandian
nepi ka elingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu dating naga wiru ti gunung
padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan naga wiru,
hayam Ciung Wanara unggul, hayam raja lh nepi ka paehna.
Luyu jeung jangjina, Ciung Wanara dibr nagara sabeulah, beulah kulon.
Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah, ari nagara
nu sabeulah deui, beulah wetan, dibikeun ka Hariang Banga.
Ku kabinekasan ki lengser, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung
indungna nyata Dewi Naga Ningrum. Lila-lila rka perdaya Dewi Pangrenyep
th kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Dewi Pangrenyep th ditangkep
sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.
Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun indungna geus dipanjara ku
Ciung Wanara. Dee.r atuh tarung. Taya nu lh sabab sarua saktina. Tapi lila-
lila Hariang Banga th kadeseh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun
ka wetaneun Cipamali. Tah tiharita kaayaan Galuh jadi dua bagian th. Kuloneun
Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wetaneunana dicangking ku Hariang
Banga.

Sumber : http://sejarahlengkapterbaru.blogspot.co.id/2016/02/dongeng-bahasa-
sunda-ciung-wanara.html
Rangkuman :

Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita teh


nyaeta Prabu Barma Wijaya Kusumah.Anjeuna gaduh permaisuri dua.Nu hiji
Dewi Naga Ningrum anu ka dua Dewi Pangrenyep. Harita duanana keur
kakandungan.
Barang nepi kana waktosna, Dewi Pangrenyep ngalahirkeun budak lalaki
kasep jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan tiharita Dewi Naga
Ningrum og ngalahirkeun, diparajian ku Dewi Pangrenyep, orokna lalaki deuih.
Tapi ku Dewi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi kasaolah-olah Dewi Naga
Ningrum th ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saestuna diasupkeun kana
kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan
citanduy.
Ari kandaga anu dipalidkeun ta, nyangsang dina badodon tataheunan lauk
aki jeung nini Balangantrang,
Kacaritakeun budak th geus gede. dingaranan Ciung Wanara. Dina hiji po,
Ciung Wanara amitan ka aki jeung nini Balangantrang sabab rk nepungan raja di
Galuh.
Ari Ciung Wanara papanggih jeung Lengser. Terus milu ka karaton. Nepi ka
karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana make tandon.
Lamun hayam Ciung Wanara lh tandona nyawa Ciung Wanara. Sabalikna
lamun raja nu lh tandona nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris
dijenengkeun jadi raja tur diaku anak.
Gapruk ba hayam th diadukeun. hayam Ciung Wanara unggul, hayam raja
lh nepi ka paehna.
Luyu jeung jangjina, Ciung Wanara dibr nagara sabeulah, beulah kulon.
Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah, ari nagara
nu sabeulah deui, beulah wetan, dibikeun ka Hariang Banga.
UNSUR-UNSUR INTRINSIK LEGENDA CIUNG WANARA

1. Tema:
Karajaan

2. Penokohan:
a. Ciung Wanara
: Sae, gede wananen, sabar, jeung pantang nyerah.
b. Raden Barma Wijaya Kusumah
: Gampil ambek, angkuh, pas jangji, jeung adil.
c. Nyimas Batari Naganingrum
: Sabar, jeung henteu gampil paturay pangharepan.
d. Nyimas Batari Pangrenyep
: Jahat, julig, jeung pembohong.
e. Ki Lengser
: Sae, jeung resep nulungan.
f. Aki sarta Nini Balangantrang
: Resep nulungan, sakti, sae, ulet, jeung leukeun.
g. Raden Hariangbanga
: Henteu tiasa nampi kanyataan, julig, jeung gede wananen.

3. Alur:
Maju

4. Latar:
a. Latar Waktu
: Kapungkur basa,wanci ngababarkeun,saprak isuk lolong,hiji sonten.
b. Latar Tempat
: Hiji Karajaan di Tatar pasundan Jawa kulon anu namina karajaan Galuh,
walungan Citanduy, lembur Gegersunten, gunung Lapangan, Keraton,
panjara karaton, walungan Cipamali.
c. Latar Suasana
: Menegangkeun,sarta matak kagagas.
d. Sudut Pandang
: Jalmi Katilu

5. Amanat:
Ulah julig ka kabagjaan batur sumawonten dugi migawe jahat, sabar dina
nyanghareupan cocobi, sok ngabantuan batur anu kanggo aya dina kahese,
cios dina nyanghareupan kanyataan, jeung ulah gampil ambek.

Vous aimerez peut-être aussi