Académique Documents
Professionnel Documents
Culture Documents
1. Tema
Kanyataan hidup sapopoe hiji jalma anu agul tuluy nyadar
2. Galur
Maju
3. Sudut Pandang
Urang kahiji
Bungah
Conto : Pas Siti Habibah papanggih jeung Suganda duduana ngaganduhan hate.
Milih-milh
Conto : Siti Habibah teu meunang kawin jeung Suganda sabab manehna lain ka
turunan ningrat jeung teu pantes kawin jeung katurunan ningrat.
Haru
Sedih
Conto : Pas Siti Habibah atau Neng Ebah geuring usus buntu
Conto : Akhirna Pa Naib sadar jeung ikhlas narima Suganda jadi minantuna,
lantaran geus ngadonorleun getih keur anakna.
5. Panokohan Utama
Pak Naib geus jadi bahan omongan batur sa Desa Naib nu di pandang darajatna kusabab
katurunan ningrat, tapi sifatna nu sombong jeung mandang darajat. Tapi lila kalilaan manehna
sadar.
Siti Habibah atawa Neng Ebah anakna Pak Naib manehna nurut ka kolot , misalkeun
manehna nyeri hate lantaran teu direstui manehna tetep weh patuh
Suganda anak kapala desa, manehna lain katurunan ningrat ngan boga hate nu bageur jeung
tulus
6. Amanat
Jadi jelema teh ulah ngabeda-bedakeun da kabeh jelema mah sarua boga kelebihan sareng
kakurangan masing-masin.
Dina ngajalankeun hirup kudu sabar , lantaran aya hikmah dina sagala kajadian
7. Sinopsis
Kadatangan Naib anyar geus jadi bahan omongan batur sa Desa. Naib nu di pandang
darajatna kusabab katurunan ningrat, tapi sifatna teu sombong sareng teu
mandang darajat.Tapi naib anyar ieu beda, Naib ieu sombong kusabab katurunan ningrat
jeung sok mandang darajat.
Naib anyar ngagaduhan istri sareng anak nu bageur, sifat sombong Naib teu diturunkeun ka
anak sareng istrina. Naib anyar ieu gaduh putri nunamina Siti Habibah nu sok dipanggil
Ebah, 17 taun. Di hiji poe siti habibah papendak sareng Suganda, salasahiji anak kuwu atawa
kapala desa. Siti habibah sareng Suganda duanana tos ngagaduhan hate. Duanana
ngagaduhan niat keur kawin, Suganda nyobaan dek ngalamar. Basa bapana Suganda
ngalamar hanjakal ditolak ku pa Naib kusabab Suganda lain katurunan ningrat jeung teu
pantes kawin jeung katurunan ningrat.
Di hiji poe Desa eta kadatangan saorang juru nulis kawedanaan, namina R. Wiraatmaja.
Sanggeus babaraha poe di desa, Wiraatmaja papendak Siti Habibah. Wiraatmaja bogoh ka Siti
habibah tuluy Wiraatmaja ngalamar Siti habibah. Dibarengan ku hate bungah pa Naib narima
lamaran Wiraatmaja sabab Pa Naib tos ninggal tinamina nu aya R na, marukankeun raden nu
katurunan ningrat. Tapi pas dicaritakeun asal usul Wiraatmaja apekteh Wiraatmaja sanes
katurunan ningrat tuluy di tolak lamaran eta.
Neng ebah geuring teu katulungan. Cenah geuring usus buntu, geus dioperasi tapi kurang
darah. Pa Naib miwarang ka barudak pasantren titah ngadonorkeun getih kanggo neng Ebah.
Tapi barudak aya nu satuju aya nu henteu, nu satuju ngan Suganda sareng nu lainna nu satuju.
Ngadonorkeun getih kanggo neng ebah janten, Suganda sareng nu lain di ngadonorkeun
getihna kanggo neng Ebah. Neng ebah sehat deui tuluy, Suganda jadi deukeut deui sareng
neng ebah sakaligus kulawargina. Eta kasempatan moal disia-siakeun ku Suganda kusabab
aya peluang keur Suganda kawin sareng neng ebah. Lila kalilaan Pa Naib sadar tuluy
nyatujuan lamaran suganda. Akhirna Neng ebah sareng Suganda kawin tuluy bahagia
salamina.