Vous êtes sur la page 1sur 5

Prolog

Karajaan Goong namina. Karajaan anu alus sareng raja anu kasep jeung bijaksana.
Namina Raja Adudi, jeung ratu anu bageur namina Ratu Angi. Maranehna boga dua budak
lalaki sarta hiji budak awewe anu ngaranna Masdi, Nanda, sareng Niava. Pangeran Masdi
nyaeta pangeran anu bijaksana kawas bapana, lamun Pangeran Nanda mah watakna heuras
jeung hese diatur kawas akina. Lamun Niava mah si bungsu anu watakna manja pisan ka
indung jeung bapana.
Di loar karajaan aya saurang gadis namina Liliana. Anjeuna nyaeta saurang pakerja di
salah sahiji butik keur nyambung hirupna. Anjeuna sok ngimpian keur datang ka karajaan
Goong. Awalna niatna ngan sapertos panasaran saurang gadis ka kahirupan anu leuwih
bergelimang harta. Tapi anjeunna teu apal lamun eta anu ngamawa ka jalan anu sesat.
Setting 1
Siang eta di alun – alun kota
Pangawal : “Bewaraaa !!! Isuk peuting bade aya acara pesta karajaan, keur kabeh rakyat
anu bade tiasa hadir. Dandan anu geulis jeung kasep nya!. Keur para jomblo
tiasa hadir oge diditu jeung meunangkeun pasanganna.”
( Pangawal nangtung di luhur korsi sareng angkat sapertos eta)
Liliana :“Punteun .. pa.” ujar Liliana pelan
Pengawal :“Muhun, aya naon neng?” (pangawal ngawaro Liliana)
Liliana :“Abdi hoyong naros, Upami pesta eta teh keur kabeh kalangan? Maksud abdi ,
abdi ngan pakerja butik wungkul. Abdi tiasa datang ? “
Pengawal :“Tiasa atuh geulis. Pesta ieu pan keur kabeh rakyat karajaan. Janten, lamun
bade datang, mangga.”
Liliana :“Aslina? Hatur nuhun kasep.” (Liliana bagja)
Pengawal :“Teu kedah manggil Abdi kasep. Da abdi mah teu kasep teuing.” (pangawal eta
bergurau)
Pengawal :“Ups hampura kalepasan. Punteun geulis abdi bade indit deui.”
(pangawal pamit teras indit ka asalna)
Peuting eta di Butik…

Liliana :“Dina aula ageung jeung megah istana karajaan, abdi tiasa kaditu teu nya?
.Cing weh lamun abdi tiasa jadi ratu di eta istana. Ah abdi loba teuing ngahayal.
Kela, Abdi teu boga acuk keur kaditu, kumaha nya?.”
(Liliana ningal sakitar teras meunang hiji akal)
Liliana :“Acuk didieu oge alus keur dianggo . Madam butik karek datang ti loar kota
enjing isuk isuk. Janten, sempet mereun nya abdi tiasa nginjem salah sahiji acuk
ieu jeung nyeseh acukna. Liliana anjeun emang smart people.”
(Liliana sibuk mimilihan acukna. Ahirna Liliana meunang gaun anu alus jeung endah.)
Peuting eta di Pesta karajaan
Ratu :“Haridep kudu sopan diditu nya!!. Nanda, hidep ulah ngajieun masalah diditu!
Turutan raka hidep.”
Niava :“Tos atuh mah.. ulah A Masdi wae anu di banggakeun. Karunya A Nanda, A
Nanda oge bageur.”
Ratu :“Niava sahenteuna hidep leuwih bageur ti raka hidep. Lakukeun anu emak
parentah!”
Raja :“Tos atuh mak. Ayeuna mah, cinah barudak nyalira anu nikmatkeun pesta
heula. Tapi tetep, jaga sikap hideup Nanda.”
Ratu :“Emak ngawasan hideup.” (Ekspresina ngancem)
Nanda :“Kumaha emak weh.” (Ekspresi wajah)
Raja : (tertawa)
(Masdi dongkap)
Masdi :“Sadayana tos kempeul, ayeuna arurang kudu siap-siap, Bapa, Emak, Nanda,
Niava.”
Ratu :”Muhun kasep. Hayu urang ka pesta.”
(Nanda leumpang sangeunahna)
Ratu :“Nanda leumpang cing bener.”
Nanda :“Muhun madam.”
Masdi :“Jaga sikap maneh, Nanda.” ( bari nyikut Nanda)
(Niava kesel ningali Masdi. Maranehna asup aula istana)
Raja :“Bu suha hatur nuhun tos kadieu”
Ratu :“Aigoo... Ibu hatur nuhun tos nyempetkeun waktos ibu keur datang kadieu.
Kenalkeun ieu barudak ngora abdi Masdi sareng Niava”
Masdi :“Wilujeung Sumping ibu.”
Niava :“Wilujeng Sumping ibu.”
Nanda kabur ti istana ngan saukur ngahirup udara segar hungkul
Liliana :“Asup…. Atawa henteu… asup weh ah… tapi era….. teu jadi ah…. Tapi hoyong
asup…”
Nanda ningali liliana jeung sigana jatuh cinta
Nanda :“Punteun neng. Bade asup ka istana?“
Liliana :“Muhun kang sakeudap deui. Abdi nuju mikiran heula.”
Nanda :(seuri) Eneng gugup nya?.”
Liliana :“Muhun a. Abdi teu pernah ka acara pesta siga kieu.”
Pangawal :“Punteun pangeran, ratu ngageroan anjeun.”
Liliana :“P-p-pangera ..?“ (nunjuk Nanda)
Pengawal :“Punteun neng, teu sopan lamun eneng salaku rakyat tutunjuk ka pangeran.”
Nanda :“Tos teu nanaon. Milang ka emak abdi teu hoyong di pilari deui ku emak,
ayeuna mah A Masdi weh nu ngurusan eta karajaan. Abdi teu hoyong kaditu
deui.”
Pangawal :“Muhun Pangeran” (Pangawal indit)
Liliana :“Ppp..pp.. punteun pangeran. Abdi teu apal lamun anjeun pangeran karajaan.”
Nanda :“Teu nanaon.”
(Backsound)
Liliana :“Ngenah nya lamun hirup samewah ieu. Pasti lamun anjeun jadi raja, hirup
anjeun tentram sareng nyaman. Sadayana aya di handap parentah anjeun.”
Nanda :”Sigana abdi alim jadi raja neng keur salami lamina. Lanceuk abdi nu bade
ngagantikeun bapa sakedeung deui.”
Liliana :“Hah? Anjeun alim jadi raja? Lamun anjeun jadi raja, kandali aya di anjeun
sadayana. Lamun jadi raja, anjeun pasti di hormat ku sadayana. Jeung kudu jadi
jalma anu bisa marentah sarta ngalakukeun sagala hal sekehendakna.”
Nanda :"Kaasup awewe anu dipikaresep ku abdi?”
Liliana :“Muhun pangeran. Raja pasti boga kakuasaan keur eta, saha atuh nu moal
hayang jadi pamajikan raja"
Nanda :“Hmmm.. Lamun kitu, anjeun leuwih milih abdi atawa lanceuk abdi nu jadi raja?”
Liliana :“Hmm... Lamun ayeuna mah sigana abdi leuwih milih lanceuk anjeun keur jadi
raja. Jeung abdi tiasa jadi ratu, hirup moal susah siga nu ayeuna. Hirup abdi
tiasa leuwih di hargaan ku kabeh jalmi."
Nanda :”Lamun abdi jadi raja, anjeun hayong moal jeung abdi?”
Liliana :“Hmmm... Muhun atuh, abdi tiasa jadi pamajikan anjeun” ( ngalirik jam tangan )
Liliana :“Oh noo.... Punten, abdi kudu indit ayeuna.”
(Liliana lumpat ninggalkeun diro nu kabingungan)

Setting 2
Sanggeus mikir rada lila ngenaan omongan eta awewe, Nanda mutuskeun pikeun ngarebut
kakawasaan anu pikeun diberekeun ka lanceukna. Tapi saacan eta, Nanda bade kawin jeung
Liliana.
Nanda : “Liliana.. oh lilianaa, antosan abdi” (ngomong bari leumpang ka tempat
ngadamelna Liliana)
(Ahirna Nanda nepi ka tempatna Liliana. Liliana disaur ku Nanda)
Nanda :“Non, aya anu namina Lili didieu??”
Liliana :“Aya anu bisa dibantosan.., eh? Pangeran aya naon kadieu?”
Nanda :“Abdi hoyong ngomong ka anjeun.”
(Lili jeung Nanda tuluy leumpang kaluar butik.)
Nanda :“Abdi tos mikirkeun omongan anjeun. Abdi bade ngarebut kakawasaan ti
lanceuk abdi.”
Liliana :“Anjeun tos yakin?”
Nanda :“Abdi yakin sayakin yakinna. Pikeun ngalakukeun hal eta, abdi butuh bantosan
anjeun.”
Liliana :“Bantosan abdi? Maksudna kumaha?”
Nanda :“Maksudna, abdi hoyong nikahkeun anjeun sarta ngarebut kakawasaan eta sami
sami.”
Liliana :“Hmm.., Lamun eta nu kudu abdi lakukeun, abdi sadia.”
Nanda :“Hatur nuhun Liliana.”
Ahirna Liliana jeung Nanda ngaayakeun pesta kawinan jeung resmi jadi salaki jeung pamajikan.
Saentos eta, Liliana sareng Nanda rembukan ngenaan rencana pikeun ngarebut kakawasaan.
Adina, Niava, ngadangu omongan lanceukna sarta pamajikanana sarta janten ngabantuan.
Nanda :“Lin, abdi ngadangu aya panyihir anu jago pisan. Abdi tiasa menta bantuana
pikeun ngareubut kakawasaan."
Liliana :“Hayu atuh, tiasa dicoba.”
Niava :“Aa.. Aa” (ujug ujug datang)
Nanda :“Loh Niava? Aya naon kadieu?”
Niava :“Abdi ngadangu omongan Aa jeung Teteh. Abdi mutuskeun pikeun ngabantuan.
Abdi tos teu kuat narima kalakuan bapa jeung emak anu leuwih nyaah ka A
Masdi”
Nanda :"Alus Niava. Anjeun memang adi anu bisa diandalkeun. ”
Setting 3
Nanda, Niava, jeung Liliana anu sepakat keur gawe bareng, satuju pikeun menta bantuan
panyihir di tengah leuweung. Bari leumpang tujuh poe tujuh peuting, ahirna nepi di bumina si
panyihir.

Liliana :“Punten... punten... Aya jalema teu di jero?” (sambil ngetuk)


Nanda :“Punteeenn... punteeen. Aya jalema teu di jero?” (ngetuk deui)
Niava :“PUNTEEENN!! Aya jalema teu euy!?” (ngetuk deui)
Panyihir :“Heuh gandeng pisan barudak ngora. Aya naon kadarieu?”
Liliana :“Punteun ni, Abdi hoyong menta tulung ka Nini.”
Panyihir :“Sangeunahna manggil Nini, Hidep teh keneh ngora! Teu sopan pisan.”
(ambeuk)
Niava :“Enya pan, biasana oge panyihir mah nini-nini. Wajar weh atuh, ari geroan nini
mah.” (camberut)
Nanda :“Janteun kieu ni, Abdi hoyong ngenta tulung ka nini, kumaha carana abdi jadi
raja karajaan Goong. Kumaha ni?.” (husu)
Panyihir :“Dibejaan abdi teh lain nini maneh ontohod, apal teu! Ngeunah wae manggil
nini. Geroan abdi, Madam.” (sambil nyengir)
Liliana :“Janten nini tiasa ngabantu salaki abdi?”
Panyihir :“Ah, tiasa wae abdi mah ngabantuan anjeun. lyeu, aya cokelat ajaib. Lamun aya
nu dahar coklat ieu, teras coklat ieu tiasa ngabulkeun anu anjeun penta.”
Nanda :“Wah, abdi hoyong atuh.”
Panyihir :“Hahaha.”

Saenggeus coklatna didahar, Nanda menta Masdi maot. Teras bener kajadian lamun lenceukna
eta maot. Kolotna sedih pisan. Kusabab eta, ahirna Nanda diangkat jadi raja anu ngagantikeun
lanceukna.

Setting 4
Karajaan keneh berduka sabab kahilangan Masdi
Ratu :”Abdi teu percaya hidep indit ninggalkeun abdi Masdi.”
Pengawal :“Abdi turut berduka Ratu”
Raja :”Lamun tos kieu, sigana bapa bade ngangkat Nanda jadi Raja anu ayeuna.”
Nanda :”Muhun bapa, abdi tiasa “
Raja :”Alus lamun kitu Nanda”
Ratu :”Tttapi.....”
Raja :“Tos teu nanaon mak, percayakeun sadayana ka budak anjeun. Nanda oge
tiasa merentah ku carana “
Ratu :”Nanda, hidep kudu bisa ngajaga karajaan ieu waktos indung jeung bapa hidep
keur indit, ngartos?“
Nanda :”Muhun Madam, abdi tiasa.“
Isukna aya panyerahan kakawasaan keur Nanda, teras Raja sareng Ratu indit ngumbara.
Kanyatanna Nanda teh jadi raja anu sangeunahna, contohna...
Pangawal :”Punteun ngaganggu Raja, aya kajadian kalaparan di Desa Busung Lapar.”
Nanda :”Kumaha anjeun weh!“ (sambil naekkeun sampean ka luhureun meja )
Jeung loba kajadian lain nu ngajieun rakyatna keuheul.

Setting 5
Ningali kalakuan raja anyar anu sengeunahna, Panyihir datang ka karajaan.
Panyihir :”Aya nu bade abdi omongkeun jeung anjeun raja. Coklat bisa nguntungkeun
anjeun , kamun anjeun bageur. Teras sabalikna, lamun anjeun jahat, eta bisa
ngabahayakeun diri anjeun”
Nanda :“Halah, Naon padulina anjeun soal eta? Abdi Raja didieu, ayeuna abdi nu
berkoasa, malapetaka ge abdi teu sieun”
Penyihir :“Kumaha anjeun. Abdi tos merebeja ka anjeun” (geleng-geleng)
Teras panyihirna teu nyangka lamun Nanda bisa jadi kieu. Teras panyihir ninggalkeun istana.

Setting 6
Kabeh jelema asup ka istana. Jug ujug Nanda dirobah jadi monyet ku panyihir
Jelema 1 :“Eh naha beut aya monyet di istana ?kamana ari si raja teh ?”
Jelema 2 :“Duka atuh, da titadi ge raja mah asa aya didieu. Mereun monyet eta raja?.”
Jelema 1 :”Piraku aya nu kitu , palingan eta monyet asup lewat jandela .”
Monyet :”Abdi teh raja. Naha jol manggil abdi monyet?”
( Jelema-jelema teu ngarti si monyet ngomong naon )
Liliana :“Hus ...hus... Ditu geura kaluar maneh monyet”
Jelema 2 :”Geus ah enggal kaluarkeun ieu monyet ti istana! Dasar maneh monyet!”
Monyet :“Ieu abdi Nanda, salaki maneh. Lil .. ieu abdi”
Liliana :“Meaenya salaki abdi siga kieu ? Tong ngimpi maneh monyet!”
Niava :”Alah eta teh Aa Nanda mereun” (jol ceurik)
Si monyet di usir ti istana ku warga teras bade disuntrungkeun ka walungan.
Monyet :“Abdi kudu minggat ka leuweung.”

Setting 7
Panyihir :“Niava, anjeun ulah ceurik wae atuh... Eta teh hal anu mantes dicokot ku lanceuk
hidep kusabab anjeunna teu matuhan parentah coklat ajaib eta.”
Niava :“Ta-tapi naha kudu dirobah jadi Monyet? Kumaha engke hirupna ? Abdi apal si
Aa salah tapi...” ( ceurik deui).
Panyihir :“Abdi tos bebeja ti awal oge pan? Janten eta nggeus hal nu mantes
dimeunangkeun ku Nanda. Munboga niat jahat, balasanna pasti sabanding”
Niava :“Muhun, abdi apal lamun anjeunna salah.” (ceurik)
Panyihir :“Matakna, ayeuna mahj adi orang cing bageur, nurut ka kolot.”
Niava : “.........hiks.........muhun ni.”
Panyihir :”Tos di bejaan abdi teh ti awal lain nini nini.“
Ahirna Niava jadi jalmi anu leuwih bageur, teras anjeunna nikah jeung lalaki. Teras hirupna
pikabungaheun salami-lamina, Niava oge sok patepang jeung lanceukna di leuweung. Lamun
nasib Liliana mah kaluar ti istana jeung kawin sareng raja ti karajaan lain.

Vous aimerez peut-être aussi