Vous êtes sur la page 1sur 4

Lantera lampu lantera

Di kumbah di beresihan

hampura atuh hampura

jorok oge da sisindiran

Awak kuru meni begeng

Geus begeng tambah cembetut

Aya awewe ekeur nonggeng

Singhoreng ekeur ngaluarkeun hitut

Tutut lain sembarang tutut

Tutut dicandak ti Cirangkong

Hitut lain sambarang hitut

Hitut gede siga bangkong

Batok kohok wadah huut

meuli eunteung jang bikeuneun

Budak montok gede hitut

nyeri beuteung, jeungjeuriheun

Aya roda na tanjakan

katinggang ku pangpung jengkol

aya randa gogoakan

katinggang ku hulu…….(sok tebak)


Daun hiris dibeungkeutan

dibawa ka juru masigit

Anu geulis ngadeukeutan

hayangeun dibere duit

Lamun tutut ti Cirangkong

Jung ditunda di kobong

Kajeun hitung siga bangkong

Nu penting beuteng molongpong

Opat baris salah nyambung

mun tukang kakara ngabangun

Omat geulis ulah pundung

mun akang kapaksa nyandung

Aya listrik di masigit

caangna kamana – mana

Aya istri jangkung alit

hanyakal geuning waria

rincik rincang rincik rincang

saladah gede beungkeutna

sidik pisan sidik pisan

nyiranda gede ……..hitutna (sok tebak)


Kobong saha asa kajeun

Di Malangbong ibak-ibakan

Molongpong soten beuteng anjeun

Ari batur kalabakan

Pedah kuring kuralang kuriling

ucing ge’ring ngahariring

Tengah peuting jarempling

kuring nyaring hayang ngising

obat nyamuk katiup angin

nyangsang dina kandang domba

kuring ngamuk menta kawin

hayang pisan ka nyai randa

Aya kacang geus garing

Meulina di parapatan

Aih lain salah kuring

Naha hitut diiseupan.

ecet-ecet oet-oet

ngaronda ngalureuk belut

kapelet kuring ka pelet

ku randa nu gede hitut.


Hayu urang mupu tiwuhan

malah mobok pagu

Huntu linu murukusunu

bongan tara ngosok huntu

Didieu loba kanyere..

“Hanjakal parentil keneh..

“Didieu loba awewe..

“Hanjakal carentil kabeh

keur ngaronda katirisan

usum ngijih ngenah metis

aya randa geulis pisan

geulisna leuwih ti artis ….mana euy mana???

Ibu peri milih casan..

Ngan hanjakal teu dibeuli..

Itu istri geulis pisan..

Ngan hanjakal tara mandi

Mulung tanjung tengah gunung

meunang cangkilung saguruntul

Nurus tunjung mbah dukun

ceunah nulung malah rahul

Vous aimerez peut-être aussi