Vous êtes sur la page 1sur 22

BAHAN AJAR BAHASA

SUNDA
KELAS 4

UPTD SD NEGERI PANCORANMAS 2


Jalan Pemuda No 32 Depok

1
2
Pelajaran Ēndahna Hirup Babarengan
(Indahnya Kebersamaan)

1
Kompetensi Dasar:
3.1 Mengenal teks pupujian tentang indahnya kebersamaan
4.1 Melantunkan teks pupujian dan meyusun kalimat sederhana tentang indahnya
kebersamaan

Tujuan Pembelajaran:
Setelah menyelesaikan materi pada bagian ini, peserta didik diharapkan dapat mengenal teks
pupujian tentang indahnya kebersamaan serta dapat melantunkan teks pupujian dan meyusun
kalimat sederhana tentang indahnya kebersamaan.

Bahan Pangajaran 1
A. MACA (Membaca)
1. Membaca Nyaring
Pupujian
Pasosoré, Mida jeung babatturanana karék pisan réngsé ngaji. Sakeudeung deui
waktuna magrib. Sakedapan mah di jero masjid téh mani récét ku sora barudak. Aya ogé
anu kalah tuluy hareureuy jeung papada baturna.
“Hey, geura ka carai!” ceuk Ustad Sarip.
Barudak teu talangké tinglaléos ka tempat wudu. Teu lila ngok kakuping Ustad
Sarip pupujian kana sapéker. Kitu ilaharna di masjid Sukasari mah. Ari tas rérés nagji
téh, saméméh asup waktu magrib, sok pupujian heula. Tara lila. Paling ogé sapuluh
menitan.
Barudak anu tas wudu tuluy guk-gék dariuk ngajajar. Ngong milu parupujian.
Ēling-éling umat Islam,
di mana nguping nu adan,
éta téh pan ngagentraan,
énggalkeun ka masjid datang.

Ari solat berjama’ah,


kalakuan ahli sunah,
masjid téh tempat ibadah,
nu dimulyakeun ku Allah

Bérés pupujian éta, tuluy ganti ku pupujian séjénna deui.

Ēling-eling dulur kabéh,


ibadah ulah campoléh,

1
beurang peuting ulah weléh,
bisina kaburu paéh.

Sabab urang bakal mati,


nyawa dipundut ku Gusti,
najan raja nyakrawati,
mo’ bisa nyingkahan pati.

“Sok ayeuna mah geura adan!” ceuk Ustad Sarip.

2. Harti Kecap (Makna Kata)


karék pisan : baru saja énggalkeun : segeralah
réngsé : selesai campoléh : lalai
sakeudeung : sebentar lagi ulah weléh : jangan sampai lupa
teu talangké : tidak berlama-lama nyakrawati : berkuasa
ilaharna : biasana ngagentraan : memanggil
rérés : selesai

Bahan Pangajaran 2
B. NGAREGEPKEUN (Menyimak)
1. Menyanyikan Pupujian
Yang dimaksud pupujian adalah syair yang isinya berkaitan dengan agama. Ada
yang berisi ajakan untuk melaksanakan ibada, nasihat atau pelajaran agama, atau
riwayat kehidupan Nabi Muhammad SAW. Pupujian disampaikan dengan cara
dinyanyikan atau dinadomkeun. Pupujian biasanya dinyanyikeun dinyanyikeun di
masjid, secara bersama-sama, sebelum solat wajib dilaksanakan.
Contoh pupujian:
Ēling-éling umat, muslimin muslimat,
hayu urang berjama’ah solat asar,
éstu kawajiban pikeun umat Islam,
kanggo pibekeleun jaga di ahérat.

Kakuping soanten adan,


di masjid ti katebihan,
singhoréng téh ngawartosan,
ngajak solat babarengan.

2. Nyusun Pupujian
Di handap aya pupujian anu eusina pépéling, tapi jajaranana tacan nyusun. Pék
ayeuna ku hidep susun, sangkan bisa kaharti, tepi ka éta pupujian téh nyumponan unsur
komunikasi, lantaran aya eusi anu ditepikeunana kalawn jéntré.
2
Mugi rohmat sakamina
nun Gusti abdi sadaya
sareng ka kulawargina
ngocor ka Nabi nu mulya
__________________________________
__________________________________
__________________________________
__________________________________
Kitu deui sahabatna
sareng muslimin muslimat
anu sami-sami taat
anu ngabéla agama
__________________________________
__________________________________
__________________________________
__________________________________

Bahan Pangajaran 3
C. NYARITA (Berbicara)
1. Istilah Kaagamaan
a. Paimbaran = tempat imam mingpin solat berjamaah
b. Madrosah = sakola agama
c. Susuci = beberesih, upamana wudu jeung mandi dina rék
ngalaksanakeun solat
d. Ustad = guru agama atawa guru ngaji
e. Ngaderes Quran = malikan hanca maca Quran supaya lancer

2. Ngadiskusikeun Istilah Agama


Pék teangan ku hidep harti atawa makna kecap di handap ieu!
a. Sodakoh = _____________________________________________
b. Taat = _____________________________________________
c. Tadarus = _____________________________________________
d. Sajadah = _____________________________________________
e. Musola = _____________________________________________

Bahan Pangajaran 4
D. NULIS (Menulis)
Pék titénan robahna kecap sakumaha nu ditétélakeun di handap.
1. Ruing  ngariung
Sawaréh ngariung di émpér masjid.
2. Cokot  nyokot
Galih salin ku papakéan beresih, terus nyokot sarung.
3. Inum  nginum
3
Tajil téh ukur nginum cai hérang gé teu nanaon.
4. Baca  maca
Ieu acara urang tutup ku maca hamdallah sasarengan.

Sangkan leuwih paham kana robahna kecap, pék ayeuna ku hidep pigawé latihanana!
1. Dahar  ______________
__________________________________________________________________
2. Injeum ` ______________
__________________________________________________________________
3. Cabak  ______________
__________________________________________________________________
4. Injeum  ______________
__________________________________________________________________
5. Carita  ______________
__________________________________________________________________

4
Pelajaran Hémat Ēnergi
(Hemat Energi)

2
Kompetensi Dasar:
3.2 Memahami teks argumentasi tentang selalu berhemat energi
4.2 Menceritakan isi teks argumentasi sederhana tentang selalu berhemat energi

Tujuan Pembelajaran:
Setelah menyelesaikan materi pada bagian ini, peserta didik diharapkan dapat memahami teks
argumentasi tentang selalu berhemat energi dan menceritakan isi teks argumentasi sederhana
tentang selalu berhemat energi.

Bahan Pangajaran 1
A. MACA (Membaca)
1. Maca Cerita
Perluna Ngahémat Ēnergi
Pukul satengah sapuluh, bél disada deui. Tandana geus béak jam istirahat hahiji.
Barudak anu keur arulin paheula-heula asup ka kelas.
Pa Andri lebet ka kelas. Ayeuna téh giliran pelajaran basa Sunda. Tapi sakedapan
Pa Andri ningal ka luhur, kana lalangit kelas.
“Barudak, saha anu poé ayeuna kagiliran pikét?” pokna.
Barudak anu pikét poé harita ngaracung. Kaasup Dina.
“Tabuh sabaraha ayeuna?”
“Naha atuh lampuna bet harurung kénéh?” saur Pa Andri deui bari rada kerung.
Barudak taya nu ngajawab. Kalah silirérét.
“Lamun sakirana geus teu perlu mah kusu dipareuman. Naon sababna?”
Fahmi ngacung. Pok ngomong. “margi mayar listrik téh awis, Pa.”
Pa Andri gumujeng. “Bener éta jawaban téh. Tapi teu cukup semet dinya. Cikan,
aya anu apal teu, naon ari PLTA?”
Barudak gideug, teu apal.
“PLTA téh singketan tina pembangkit listrik tenaga air. Jadi, di urang mah listrik
téh ditimbulkeunana umumna maké tanaga cai. Tapi teu cukup ku makétanaga cai
wungkul, sabab ari mesin pembangkitna mah angger dijalankeunana maké BBM. Napn
ari BBM, barudak?”
“Bahan bakar minyak , Pa,” témbal Nita.
“Tah, lamun urang makélistrik saperluna, éta sarua jeung ngahémat bahan bakar
minyak.”
“Atuh ngagunakeun kendaraan ogé kedah saperluna nya, Pa?” Dina
nyelengkeung.
“Nya enya, atuh. Nu matak lamun indit ka sakola ogé, ari teu jauh-jauh teuing
mah mending kénéh leumpang atawa maké sapédah. Itung-itung olahraga, sangkan
5
awak séhat. Geus ayeuna mah geura pareuman lampuna,” saur Pa Andri bari teras muka
buku.

2. Harti Kecap (Makna Kata)

paheula-heula : saling dulu-duluan awis : mahal


sakedapan : sakejap gumujeng : tertawa
kerung : mengerenyitkan kening pareuman : padamkan
gideug : menggelengkan kepala silirérét : saling lirik
nyelengkeung : bicara secara tiba-tiba
3. Ngajawab Pertanyaan
Pek hidep jawab pertanyaan di handap ieu dumasar kana bacaan di luhur!
1. Naon sababna urang kudu hémat dina ngagunakeun listrik?
2. Singketan tina naon PLTA téh?
3. Ari BBM singketan tina naon?
4. Naon waé anu kaasup ngahahambur énergi listrik téh?
5. Kumaha waé carana pikeun ngahémat énergi listrik?
6. Sajaba ti listrik, naon waéanu kudu dihémat téh?
7. Kumaha caran mun urang hémat kana cai?
8. Kumaha akibatna lamun hirup urang heunteu hémat?

4. Ngalengkepan Kalimah
Pék lengkepan kalimah di handap ieu maké salah sahiji kecap anu geus disadiakeun!
1. Ari teu dipaké mah __________________ atuh lampu téh!
(pareuman, hurungkeun, tutupkeun)
2. Lamun urang ngahémat listrik éta téh sarua jeung ngahémat _________________
(tanaga, waktu, duit)
3. Ngagunakeun telepon gé kudu __________________ , ngarah hémat pulsa.
(saseubeuhna, saperluna, sangeunahna)
4. Cadangan minyak dina jero bumi téh hiji waktu bakal _________________
(béak, nambahan, angger)
5. Rék ________________ lampu mah engké lamun di luar geus poék.
(meupeuskeun, nukeurkeun, ngahurungkeun)
6. Leumpang atawa kana sapédah téh _______________ polusi haseup kendaraan.
(nambahan, ngalobaan, ngurangan)
7. Kadé, ___________________ lamun ngahurungkeun setrikaan téh.
(kaduruk, kasetrum, katinggang)
8. Ari sakirana teu jauh mah, ___________________ téh mendingan leumpang.
(indit-inditan, diuk, sasapédahan)
9. Pangna kudu hémat téh sabab pulsa telepon kudu ____________
(dijieun, dijual, dibeuli)
10. Televise anu geus teu dilalajoan kudu gancang _____________
(digolérkeun, ditutupan, dipareuman)

Bahan Pangajaran 2
B. NGAREGEPKEUN (Menyimak)
Anjuran hémat énergi di antarana bisa ditepikeun dina poster. Ari poster mah biasana
ditémpélkeun di tempat anu ramé. Misalna waé di tempat anu remen jadi liliwatan, atawa

6
tempat ngumpulna jalma. Lian ti dina poster, bisa deuih ditepikeun dina stiker. Tah ari
stiker mah ukuranana leuwih leutik ti poster.
Eusi poster jeung eusi stiker bisa waé sarua. Bédana téh dina ukuranana. Mun poster
upamana ukuran 40 x 60 cm, tah ari stiker mah cukup ukuran 4 x 6 cm gé.
Geura urang titénan rupa-rupa stiker anu eusina ngajak ka urang pikeun ngahémat
sumber énergi.

Bahan Pangajaran 3

C. NYARITA (Berbicara)
Ayeuna hidep saréréa nyieun opat kelompok. Saban kelompok kudu ngadiskusikeun eusi
stiker sakumaha anu aya dina gambarna. Aku kudu didiskusikeun ku hidep téh nyaéta:
1. Naon maksud anu dikandung dina éta stiker
2. Kumaha cara urang migawéna
3. Alusna kudu di mana éta stiker dipasangna

7
Bahan Pangajaran 4

NULIS (Menulis)
1. Nyusun kalimah stiker
Hidep ogé tangtu bisa nyusn kalimah pikeun nyieun stiker anu basajan. Upamana
kieu, hidep rék ngajak ka batur sangkan ngahémat listrik. Hidep bisa nyieun kalimah
kieu:

8
“Agus karesepna maén gim dina komputer. Lamun keur maén gim, Agus tara
inget kana waktu. Tuluy baé maén gim, nepi ka komputer téh panas.”

MAĒN GIM CUKUP SAMINGGU SAKALI,

HAMBUR LISTRIK!

Pék hidep nyieun kalimah stiker sesuai jeung masalah di handap ieu!
1. “Dani lamun indit ka sakola sok poho mareuman lampu kamrna. Sok hurung nepi ka
beurang.”

2. “Wawan ari isuk-isuk resep pisan mandi ku cai haneut. Méh unggal poé kituna téh.
Atuh jadi hambur gas.”

3. “Dewi lamun tos ti kamar madi, sok poho nutupan keran. Tungtungna cai téh remen
kapiceun. Nepi ka dina bak paranti nampung téh caina saat pisan.”

4. Unggal indit sakola, Hani sok ménta dianteurkeun kana mobil ku bapana. Padahal
Hani téh bogaeun sapédah, tapi tara dipaké. Sarta jarak ka sakola ogé kaitung
deukeut.”

5. “Rangga lamun lalajo tipi di kamar remen nepi ka kasaréan. Tipi téh sok terus hurung
nepi ka subuh.

2. Ngagunakeun Tanda Baca Koma

9
Perhatikeun conto di handap ieu!
a. Mid amah keur bungah, ari Gilang keur sedih.
b. Lantaran Rina gering, manéhna teu sakola.
c. Budi teu latihan voli, sabab ngadadak hujan.
d. Anu dibeuli ku Dedi téh buku, patlot, jeung pamupus.
e. Ari manéh naha hayang dibéré kelenci, hayanm, atawa japati?
Tugas
Gunakeun tanda baca koma dina kalimah di handap ieu!
1. Anu dibawa isukan ka sakola téh keretas gunting jeung elém
____________________________________________________________
2. Ayeuna hujan mani ngecrek padahal kamari mah halodo.
____________________________________________________________
3. Nyaba ka Bandung téh naha rék Salasa Rebo atawa Kamis?
___________________________________________________________
4. Mang Jaja teu tulus meuli HP lantaran teu bogaeun duit.
___________________________________________________________
5. Ulah ulin di tempat miceun runtah bisi kacugak ku beling!
___________________________________________________________
6. Mida hayangeun kana sapédah ari Dami ngajakan leumpang.
______________________________________________________________
7. Lain Ceu Nunung anu ngaliwat k adieu mah tapi Bi Yayah.
_____________________________________________________________
8. Ciréng bala-bala atawa comro hargana saua waé
_____________________________________________________________
9. Gunung Tangkuban Parahumah di Lembang lamun Gunung Ciremai di Kuningan.
_____________________________________________________________
10. Di buruan imah Dami dipelakan kembang eros malatidahlia jeung anggrék.
_____________________________________________________________

Pelajaran Mikanyaah Papada Mahluk


(Menyayangi Sesama Makhluk)

3
Kompetensi Dasar:
3.3 Memahami teks percakapan tentang peduli terhadap sesama makhluk hidup

10
4.3 Menerangkan percakapan tentang peduli terhadap sesama makhluk hidup dengan lafal,
intonasi, dan ekspresi yang benar

Tujuan Pembelajaran:
Setelah menyelesaikan materi pada bagian ini, peserta didik diharapkan dapat memahami teks
percakapan tentang peduli terhadap sesama makhluk hidup dan menerangkan percakapan
tentang peduli terhadap sesama makhluk hidup dengan lafal, intonasi, dan ekspresi yang
benar.

Bahan Pangajaran 1
A. MACA (Membaca)
1. Maca Dongeng
Nu Nyaah ka Sato
Haji Soléh téh jelema beunghar. Loba sawahna, lega kebonna. Geus karuhan
ingon-ingon mah, saperti domba jeung munding. Malah hayam jeung meri mah nepi ka
ngaratus jumlahna téh. Aya anu purah ngurusna. Ti mimiti maraban, jeung nyokotan
endogna.
Haji Soléh kuda tunggang, ngaranna Si Senang. Asalna mah éta kuda téh bogana
Pa Salia. Keur belona teu kaurus ku Pa Salia. Malah pikawatireun pisan kaayaanana
ogé. Nya begang, nya gering. Ku Haji Soléh, éta kuda dibeuli. Tuluy diurus tulatén
pisan. Kasakitna diubaran. Unggal poé disadiakeun jukut héjo. Nepi ka lila-lila mah éta
belo téh cageur. Awakna lingsig séhat, sarta buluna luis tur leucir. Barang geus gedé
tuluy dibalajar, nepi ka jadi kuda tunggang anu kacida iceusna. Lumpatna tarik.
Tanagana bedas.
Hiji mangsa, Haji Soléh indit ka Cidadap rék nagihan. Miangna téh tumpak Si
Senang. Nagihanana hasil. Haji Soléh balik mawa duit loba. Tapi kulantaran loba
tagiheunana, Haji Soléhbalikna kaburitan. Reup-reupan magrib téh Haji Soléh masih
aya di jalan kénéh.
Barang ngaliwat ka nu suni, teu kanyahoan aya jelema megat liliwatan. Haji Soléh
geus tég waé, tangtu bégal anu boga niat goréng. Ceg nyekel kadali Si Senang. Ēta
jelema téh rupana pikasieuneun. Buuk cawigwig. Beungeutna bala ku kumis jeung
janggot. Ari panonna beureum bolotot. Leungeun
“Ka dieukeun éta duit manéh! Awas, ulah coba-coba kabur!” pokna.
Haji Soléh geus aya pikiran rék kileun duit téa. Sabab ngalawan ogé geus katulup
moal puhasileun, da teu mawa pakarang nanaon. “Kajeung aing rugi ogé. Asal awak wé
salamet,” kitu ceuk pamikirna.
Tapi Si Senang siga-siga ngartieun, dununganana keur meunang papait. Ēta kuda
téh hihiem bari motah teu daék cicing. Ukur ku saléngkah ngawahan, Si Senang tuluy
narajang maké suku hareupna. Si Bégal nangkis maké bedogna. Bres! Bedog téh keuna
11
kana suku Si Senang. Tapi suku Si Senang ogé kaburu kénéh najong dada Si Bégal.
Jebrod, gubrag! Si Bégal ngajengkang.
Sanggeus kitu mah geuwat Si Senang lumpat satarikna. Getih ulawéran tina
sukuna teu dirasa. Heuleut sawatara lila nepi ka imah. Haji Soléh mah salamet teu
nanaon. Tapi tétéla kudana mah tatu mani dewang. Haji Soléh baé ngumbah tatu Si
Senang ku cai haneut. Tuluy dipopok maké dangdaunan meunang ngarieus.
Haji Soléhbeuki nyaaheun ka Si Senang, duméh kahutangan budi lantaran
nyawana geus disalametkeun

2. Harti Kecap (Makna Kata)

Beunghar : kaya raya dununganana : majikannya


Munding : kerbau tatu : terluka
Begang : kurus ngumbah : mencuci
Diubaran : diobatan nyaaheun : menyayangi
Pakarang : senjata
3. Ngajawab Pertanyaan
Pek hidep jawab pertanyaan di handap ieu dumasar kana bacaan di luhur!
1. Ti saha Haji Soléh meunang kuda téh?
2. Kumaha kaayaan éta kuda basa di beuli ku Haji Soléh?
3. Ku Haji Soléh, éta kuda dingaranan naon?
4. Kumaha saterusna éta kuda sanggeus diurus Haji Soléh?
5. Haji Soléh jeung kuda tunggangna kungsi ngalaman naon?
6. Kumaha nasib Haji Soléh? Kumaha ogé nasib kuda tunggangna?
7. Diubaran ku naon tatu dina kuda Haji Soléh téh?
8. Cik terangkeun hu hidep, naon sababna urang kudu nyaah ka sato inguan?

4. Perbendaharaan Kata

Pedét : anak sapi


Ēnéng : anak kerbau
Cemé : anak kambing
Kirik : anak anjing
Bilatung : anak kucing
Piyik : anak merpati
Ciak : anak ayam
Burayak : anak ikan
Bahan Pangajaran
Buruy 2katak
: anak
Cingok : anak ikan gabus
B. NYARITA (Berbicara)
Pék praktekeun paguneman di handap ieu jeung babaturan di hareupeun kelas!
Mida : “Aki, Nini, tingali aya ucing ngagolér!”
Aki : “Euleuh enya wé.”
12
Nini : “Karunya teuing, kalaparan éta ucing téh Mida.”
Aki : “Enya, mani langlayeuseun kitu, kawas rék paéh.”
Mida : “Aki, Nini, candak nya, urang ursu. Karunya.”
Aki : “Ké urang nitah Mang Jaja pangmawakeun.”
Nini : “Dami bungaheun geura.”
Mida : “Muhun, Mida ogé, upama urang migawé kahadéan, hate téh pasti
senang.”

Bahan Pangajaran 3

C. NULIS (Menulis)
Ngagunakeun imbuhan ka-an
Perhatikeun conto cara ngagunakeun imbuhan ka-an di handap ieu!
1. Hade – kahadéan
Urang wajib nyieun kahadéan ka sasama.
2. Hujan – kahujanan
Balik sakola Udin kahujanan di jalan.
3. Beurang – kabeurangan
Gancang atuh leumpangna, bisi kabeurangan!
4. Gedé – kagédean
Sapatu téh kagédean, kudu ditukeurkeun deui!
5. Goréng – kagoréngan
Tong sok nyieun kagoréngan, dosa!

Tugas
Kerjakeun saperti conto!
1. Panas - _____________
Ngarah teu ______________ mah kudu maké payung.
2. Liwat - _____________
Imah Nuri ____________ jalan karéta api jusrusan Bogor.
3. Saré - _____________
Lantaran cape, Dini _______________ dina korsi panjang.
4. Peuting - ____________
Tong balik ayeuna, bisi ______________ di jalanna!

13
5. Mahal - _____________
Balanja téh tawar heula, ngarah teu _____________

Bahan Pangajaran 4
D. NGAREGEPKEUN (Menyimak)
Ngagunakeun Bahasa Sunda Ragam Loma jeung Ragam Hormat
Dina bahasa Sunda aya anu disebut ragam loma jeung ragam hormat. Bahasa ragam
loma digunakeun lamun urang nyarita atawa ngobrol jeung babaturan saumuran nu geus
akrab. Sedengkeun bahasa ragam hormat digunakeun jika kita nyarita atawa ngobrol jeung
kolot nu umurna leuwih kolot, sarta jeung nu lain anu teu pati akrab.
Perhatikeun conto di handap ieu! (a) ngagunakeun basa loma jeung (b) ngagunakeun
basa hormat.

1. Loba = seueur
(a) Di terminal loba angkot jurusan Sawangan anu ngétem.
(b) Di terminal seueur angkot jurusan Sawangan anu ngétem.
2. Gedé = ageung
(a) Sapi anu arék dipaké kurban téh mani gedé pisan, nya.
(b) Sapi anu arék dipaké kurban téh mani ageung pisan, nya.
3. Leutik = alit
(a) Di buruan aya balong leutik dieusian lauk hias.
(b) Di buruan aya balong leutik dieusian lauk hias.
4. Bisa = tiasa
(a) Lamun getol ngapalkeun pasti bisa meunang peunteun saratus.
(b) Lamun getol ngapalkeun pasti tiasa meunang peunteun saratus.
5. Jeung = sareng
(a) Arék jeung saha piknik ka Taman Mini téh, Santi?
(b) Arék sareng saha piknik ka Taman Mini téh, Santi?

Tugas
Apalkeun kecap-kecap ragam loma jeung ragam hormat, terus jieun kalimah saperti conto!
1. Arék = bade
(a) ______________________________________________________________
14
(b) ______________________________________________________________
2. Lamun = upami
(a) ______________________________________________________________
(b) ______________________________________________________________
3. Gancang = énggal
(a) ______________________________________________________________
(b) ______________________________________________________________
4. Sorangan = nyalira
(a) ______________________________________________________________
(b) ______________________________________________________________
5. Manéh = anjeun
(a) ______________________________________________________________
(b) ______________________________________________________________

Pelajaran Rupa-rupa Pagawéan


(Macam-macam Pekerjaan)

4
Kompetensi Dasar:
3.4 Memahami teks deskripsi sederhana tentang berbagai pekerjaan
4.4 Menyusun karangan pendek berdasarkan gambar tentang berbagai jenis pekerjaan dengan
menggunakan ejaan yang tepat

Tujuan Pembelajaran:
Setelah menyelesaikan materi pada bagian ini, peserta didik diharapkan dapat memahami teks
deskripsi sederhana tentang berbagai pekerjaan dan menyusun karangan pendek berdasarkan
gambar tentang berbagai jenis pekerjaan dengan menggunakan ejaan yang tepat.

Bahan Pangajaran 1
A. MACA (Membaca)
1. Maca Carita
Pakasaban Kolot
Di sakola, Mida boga sobat opatan. Anu duaan mah nyaéta Saépul jeung Fahmi,
babaturan salembur ongkoh. Ari jeung nu duaan deui, nyaéta Karsim jeung Héndra,
misah lembur. Karsim urang Sékéloa. Kaitung jauh ti Margahayu mah. Ari Héndra

15
urang Manglid, paeunteung-eunteung jeung lembur Margahayu. Tapi najan kitu sok
silianjangan. Utamana lamun keur peré sakola.
Kasang tukang kahirupanana ogé rupa-rupa. Héndra jeung Fahmi kasebut jalma
aya. Bapana Fahmi jadi dokter di rumah sakit. Indungna ogé sarua deuih. Ari bapana
Héndra mah boga usaha sorangan, muka toko di sisi jalan. Bapana Mida pacabakanana
téh guru. Sarua jeung bapana Saépul. Ngan pédah bapana Saépul mah ngajarna di SD.
Ari anu panungtung, nyaéta Karsim, budak yatim. Bapana Karsim baheulana
tukang béca di kota. Balikna ka lembur téh saminggu sakali. Bapana Karsimtilar dunya
alatan serangan jajantung. Ayeuna, anu ngabéayaan manéhna téh ukur indungna
wungkul. Indungna Kaesim jadi pembantu rumah tangga.
Karsim téh budak cikal. Adina aya dua. Manéhna ogé sok milu nyiar kipayah, ku
cara ngumpulkeun barang-barang rongsokan. Lamun geus ngumpul rada loba, tuluy
dijual ka Mang Jumad, Bandar rongsokan di Sayati. Diakutna kana roda. Mida jeung nu
séjénna sok milu mantuan ngadorong, ngabring limaan. Koran urut di imah Fahmi ogé,
katut kertas éjénnna, sok dibikeunan ka Karsim.
Najan pakasaban kolotna béda-béda, tapi kabéhanana ogé alakur, silihargaan. Ka
Karsim tara aya anu nganggap jalmi hina. Malah sabalikna, Karsim téh teu weléh pada
nulngan, utamana dina perkara pelajaran sakola. Ku nu opatan, Karsim remen
diinjeuman buku. Atuh Karsim ogé lamun dipéntaan tulung tara hésé deuih. Komo deui
da Karsim mah tanaga bedas. Bubuhan tuman digawé.

2. Harti Kecap (Makna Kata)

Paeunteung-eungteung : berhadap-hadapan tilar dunya : meninggal dunia


Silianjangan : saling mengunjungi alatan : sebab
Kasang tukang : latar belakang budak cikal : anak sulung
Jalma aya : orang kaya nyiar kipayah : mencari nafkah
Pacabakanana : pekerjannya bedas : tenaga kuat
Panungtung : terakhir tuman : biasa, baku
3. Ngalengkepan Kalimah
Réngsekeun kalimah di handap ieu dumasar kana bacaan di luhur!
1. Babaturan Mida anu teu salembur nyaéta ______________
2. Imah Héndra di Manglid, kaitung jauh ti ______________
3. Sanajan jauh tapi ari maranéhna sok ______________
4. Pacabakan bapana Héndra téh nyaéta ______________
5. Bapana Karsim baheulana jadi _______________
6. Karsim sok néangan duit sorangan ku cara ________________
7. Sanajan miskin tapi Karsim teu dianggap _______________
8. Ku babaturanana, Karsim téh remen ____________
9. Naon pacabakan bapakna Fahmi? ______________
10. Bapana saha anu sarua pacabakanana ______________

Bahan Pangajaran 2 16
B. NGAREGEPKEUN (Menyimak)
1. Istilah Patukangan
Panday : ahli nyieun barang tina beusi, kayaning péso, bedog, pacul, jsb
Panjunan : ahli nyieun gagarabahan, nyieun barang tina taneuh liket
Nayaga : ahli nabeuh gamelan
Dalang : ahli ngalakonkeun atawa ngigelkeun wayang
Candoli : tukang ngajaga pabeaan di nu hajat
Kamasan : tukang nyieun perhiasan tina emas
Kuncen : tukang ngurus kuburan
Kusir : tukang narik delman
Malim : tukang muruhkeun sato galak
Palika : tukang teuleum
Pamayang : tukang ngala lauk di laut
Paninggaran : tukang moro ngagunakeun bedil
Paraji : tukang ngabantu anu ngajuru

2. Tugas 1
Pék hidep teangan tugas pagawéan di handap ieu!
1. Pilot : ___________________________________________________
2. Dosén : ___________________________________________________
3. Perawat : ___________________________________________________
4. Wartawan : ___________________________________________________
5. Masinia : ___________________________________________________
6. Kondéktur : ___________________________________________________
7. Guru : ___________________________________________________
8. Montir : ___________________________________________________
9. Polisi : ___________________________________________________
10. Dokter : ___________________________________________________

3. Tugas 2
Ayeuna urang jieun deu kelompok. Tangtu waé sakur anggota kelompok kudu
rajin jeung kompak. Hasil gawé hidep téh pék diskusikeun jeung babaturan sakelompok,
terus engkéna dibahas babarengan jeung batur sakelas.
Pék ayeuna ku hidep tanyakeun ka ibu atawa bapa, lanceuk atawa ka saha waé.
Téangan katerangan anu patali jeung rupa-rupa pagawéan atawa kaahlian. Catetkeun
sing tétéla.

1. Naon ari tugas utamana masinis, pilot, jeung nakoda?


2. Ari nu tugas di sakola saha waé?
3. Ari anu tugasna di tumah sakit saha waé?
4. Naon ari tugasna wartawan?

1. Ari hakim jeung jaksa di mana tugasna?


2. Naon ari tugas utama wasit?
17
3. Naon anu disebut ari ahli ngagambar?
4. Saha waé anu tugas utamana patali jeung jual beuli?

1. Ari anu tugasna di bank saha waé?


2. Naon ari tugas utamana juru potrét?
3. Tugas naon waé anu dipigawé di posyandu?
4. Naon ari tugas tukang parkir?

1. Saha waé anu tugasna di kantor kalurahan?


2. Naon ari tugas utama mantra kaséhatan?
3. Naon disebutna anu tugasna nganteurkeun surat?
4. Naon tugas ari tukang cukur jeung tukang ngaput?

Bahan Pangajaran 3
C. NYARITA (Berbicara)
Ngagunakeun Babasan
Dina Bahasa Sunda aya anu disebut babasan, nyaéta gabungan dina dua kecap anu
nimbulkeun harti anyar, anu biasana mangrupa perbandingan. Anu dibandingkeun nyaéta
sifat anu aya dina diri manusa jeung sifat barang atawa sato. Dina Bahasa Indonesia,
babasan sarua jeung ungkapan.
Perhatikeun conto di handap ieu!
a. Amis budi = manis budi, jika berbicara selalu disertai tersenyum
Ka jalma anu amis budi mah pasti bakal loba anu resep.
b. Amis daging = jika sedikit terluka langsung borok
Manéhna mah amis daging, waktu kacugak gé terus borok.
c. Hampang birit = jika disuruh mengerjakan sesuatu tidakpernah menolak
Jalma anu hampang birit tara hésé meunang rejeki.

Pék ayeuna hidep teangan harti babasan di handap ieu, terus larapkeun kana kalimah!
1. Hampang leungeun = _____________________________________________
Keun antepkeun, jalma anu ________________ kitu mah, ulah dibaturan!
2. Gedé hulu = _____________________________________________
Sanajan pinter, hidep mah ulah _______________, bisi dipikangéwa.
3. Hejo tihang = _____________________________________________
Nu ________________ mah tara boga sobat lila.
4. Kurung batok = _____________________________________________
Dasar jalma ___________________, nyaba ka Dépok gé balikna nyasab.
5. Haseum budi = _____________________________________________
Lamun padagang _______________ biasana sok tara aya anu meuli.

Bahan Pangajaran 4

D. NULIS (Menulis)
18
1. Nyusun Karangan Deskripsi
Ayeuna urang diajar nyusun karangan, jejern ngeunaan pagawéan. Di handap ieu
aya tulisan, gebep alinéa, tapi tacan nyusun. Ēta alinéa téh pék ku hidep susun jadi hiji
karangan, tepi ka dibaca matak kaharti.
(1) Tangtu waé dina digawé mah aya aturanana. Urang teu meunang ngarempak aturan
agama, hukun nagara, jeung kabiasaan masarakat. Lamun ku urang dirempak, urang
bakal meunang hukuman. Ēta mah naha hukuman du dunya, atawa di ahérat.
(2) Urang kudu digawé. Alloh ngawajibkeun manusa pikeun digawé. Maksud digawé
di dieu téh nyaéta milampah naon-naon anu mere mangpaat pikeun dirina. Leuwih
jauhna, mere mangpaat pikeun nu lian atawa balaréa.
(3) Pagawéan téh oba rupana. Biasana patali jeung kaayaan di hijji daérah. Di lembur
anu masih kénéh lega lahanna, pagawéan masarakatna téh lolobana kana tani,
ngebon, atawa miara sasatoan. Masarakat anu matuhna teu jauh ti laut, lolobana
jadi pamayang. Di lingkungan sabudeur pasar, masarakatna loba anu jadi padagang.
Di daérah industry, lolobana jaradi pagawé pabrik.
(4) Taya pagawéan anu hina. Satungtung teu salah ceuk aturan, mere mangpaat, jeung
dipigawéna kalayan iklas, éta pagawéan téh bakal dipandang mulya. Jalma anu
migawéna bakal meunang ganjaran ti Gusti Alloh.
(5) Hasil tina pagawéan téh ngalantarankeun urang bisa hirup. Dina digawé téh urang
ngagunakeun akal, rasa, jeung tanaga. Pangabutuh sapopoé ngan bisa dicumponan
mun urang digawé.
(6) Salian ti éta, aya deuih pagawéan anu patali jeung jasa. Guru upamana,
pagawéanana téh patali jeung jasa dina widang pendidikan. Pulisi dina widang
kaamanan. Dokter jeung jururawat dina widang kaséhatan. Jeung réa-réa deui.

2. Nganggeuskeun Karangan Deskripsi


Pék ku hidep anggeuskeun, tepi ka karangan anu aya di handap téh jelas
maksudna. Hidep nambahan saalinéa waé.
(1) Terminal kendaraan angkutan umum téh aya di saban kota. Malah ayeuna mah di
kacamatan gé aya. Di dinya loba jalma anu digawé pikeun nyiar kahirupan. Kabéh
ogé penting pikeun masarakat.
___________________________________________________________________
___________________________________________________________________
___________________________________________________________________
_______________________________________________
(2) Abdi kamari ka kantor pos, badé mésér perangko. Geuning anu didamel di kantor
pos téh seueur, nya. Bagianana rupi-rupi, kitu deui tugasna ogé rupi-rupi. Sadaya
padamel di kantor pos katingal sibuk.

19
___________________________________________________________________
___________________________________________________________________
___________________________________________________________________
_______________________________________________
(3) Saban poé Ahad isuk-isuk, Yantis sok diajakan balanja ka pasar ku indungna. Ari di
pasarna keur heurin mah, balanja téh sok rada lila. Mangkaning sok mapay ka
saban elos. Apan aya elos anu husus ngajual sayuran, aya elos daging, aya elos
bungbu, jeung sajabana.
___________________________________________________________________
___________________________________________________________________
___________________________________________________________________
_______________________________________________

(4) Urang Ciléngkrang Tonggoh loba anu ngukut sapi peres. Di dinya mah loba kénéh
lahan anu dikebonan apanan. Jadi teu pasti susah mun nyiar parab sapi téh. Malah
aya anu ngahaja ngebon jukut sagala.
___________________________________________________________________
___________________________________________________________________
___________________________________________________________________
_______________________________________________

20

Vous aimerez peut-être aussi