Vous êtes sur la page 1sur 2

Assalamualaikum Wr.

Wb

Pamiarsa sadayana, wilujeung pateupang deui sareung simkuring Cecep Muhaimin


dina acara warta Sunda. Simkuring bade ngadugikeun sababaraha warta anu
parantos disiapkeun ke redaksi. Warta anu kahiji nyaeta warta anu aya patalina
sareng ngamumule kasenian atanapi kabudayaan Sunda.

Dina dinten Saptu kaping 2 September 2017 parantos diayakeun pasanggiri kawih
Sunda sa Jawa Barat anu tempatna di Gelora Saparua Bandung. Anu janten
pamilon eta pasanggiri teh nyaeta wawakil siswa satingkat SMP ti unggal
Kabupaten/Kota.

Ku ayana acara pasanggiri kawih Sunda eta, horeng kasenian Sunda teh masih
keneh seueur anu mikaresep, sadaya pamilon eta pasanggiri teh sumanget dina
mintonkeun kamapuhannana dina ngawih kawih Sunda. Seueur pamilon ti luar
kota Bandung anu ngagaduhan bakat seni Sunda anu sae.

Dina eta pasanggiri teh seueur hadiah anu parantos dipasihkeun ka para juara
pasanggiri. Hadiah-hadiah nu aya mangrupikeun sumbangan ti perusahaan-
perusahaan di daerah Jawa Barat anu merhatoskeun kana kamajengan seni sareng
kabudayaan Sunda
Kareta Api Beijing Banyuwangi

Dina raraga nyanghareupan ayana Masyarakat Ekonomi ASEAN, perlu diwangun


konektivitas kareta api cepat antar nagara di ASEAN. Ku kituna para pamingpin
kareta api ASEAN geus ngayakeun pertemuan keur ngabahas wacana diwangunna
hubungan kareta api cepat antar nagara-nagara ASEAN.

Pertemuan nu dihadiran kua para pamingpin kareta api ASEAN eta diayakeun
bulan Oktober 2016. Pertemun diayakeunna di stasiun jeung musium kareta api
Indonesia di Ambarawa, Semarang.

Salian ti rencana hubungan kareta api cepat di nagara-nagara ASEAN, oge


disinggung kamungkinan ayana hubungan kareta api cepat ti Cina ka ASEAN.
Contona, ayeuna di China geus aya kareta api cepat Beijing-Guangzhou nu
diharepkeun engke bisa ngahubung ka nagara ASEAN, kaasup Indonesia.

Engke kareta api ti China nu ka nagara-nagara ASEAN teh bisa turun di Vietnam,
Thailand, Malaysia terus ka Indonesia, ngaliwatan laut, asup ka Dumai, ka
Palembang, terus ka Jawa nu ahirna nepi ka Banyuwangi. Mudah-mudahan
Indonesia boga dananya, ceunah ceuk pajabat kareta api nu milu dina eta
pertemuan.

Vous aimerez peut-être aussi