Vous êtes sur la page 1sur 3

DIDIEU KURING NANGTUNG

Karya : Yous Hamdan

didieu mangsa ayeuna kuring nangtung nitenan robahna alam priangan gunungna geus ditugaran tangkalna geus dituaran caina mimiti beak, laukna paeh sakarat piit leutik dina luhur tangkal kai nitenan pucuk awi ting garupay semu sedih tur nalangsa ku ruksakna alam priangan didieu kuring nangtung..

Didieu mangsa katukang kuring nangtung Nitenan endahna alam priangan lembur nu singkur, tengtrem karaharjaan di luhur gunungna, dina legok landeuhna ku herang caina, ku loba laukna geledegan tangkalna, recet manukna piit leutik dina luhur tangkal kai nitenan pucuk awi ting garupay mapag mangsa isuk-isuk

LEMAH CAI
Karya Ayatrohaedi

Upama sakali mangsa kuring mulang Taya katengtreman anu mapag ngagalentor Tapi karisi kagimir tumuwuh na unggal dada Ti barang gubrag ka dunya Upama sakali mangsa kuring leumpang Lain cipanon anu nganteur paturay-tineung Tapi kagumbiraan na dada da leungit musuh Ti barang gubrag ka dunya Upama sakali mangsa kuring mulang Taya kagandrungan anu mapag ngagupayan Tapi curiga na diri nu hilang kapercayaan Ti barang gubrag ka dunya

Upama sakali mangsa kuring leumpang Lain kakasih jeung indung-bapa jajap ka pawetasan Tapi raga pangarahan ngabarkeun pedang ancaman Taun hareup rebut pati Upama sakali mangsa kuring leumpang Upama sakali mangsa kuring mulang Lain gandrung jeung cipanon nu narima Tapi raga nu hilang kapercayaan Ti barang gubrag ka dunya Ti barang gubrag ka dunya Ngan salempang jeung kahariwang Nu ngukuntit ti pandeuri Najan ka mana lumampah Dina mulang pon waktu leumpang Ka sesela lemah cai

TANAH SUNDA
Karya Ajip Rosidi

Hejo pagunungan Paul lautan Hejo Paul Langit na hate kuring Masing di mana kuring nangtung Masing ka mana kuring leumpang Tanah lemboh matak betah Angin nyeot nyiuman tarang Masing di mana anjeun nunjuk Masing iraha anjeun cumeluk Kuring mo mumpang kuring rek datang Neueulkeun tarang neueulkeun jantung Kuring tungtung teuteupan Kuring Tungtung Teuteupan Tungtung bedil Ngincer dada

Kuring geus nyaksian getih ngabayabah Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah Maranehna nu mikacinta lemahcaina Ngalalugsar teu walakaya Kuring geus nyaksikeun rajapati teu pilih wanci Kuring geus nyaksikeun nu ngarinah beuki geunah Maranehna nu ngabela tanah karuhunna Diparaksa kudu aringkah Langit hibar lembur musnah Walungan banjir ku getih Sawah ruhay huma burahay Angin ngahiuk peurahan pitnah Hejo pagunungan paul lautan Taya kamarasan ngan ketugenahan Hejo pagunungan paul lautan Taya katengtreman ngan ancaman Kembang beureum buah biru Kembang wera kembang jayanti Tanah tempat kuring sideku Ngurugan mun kuring tepi ka pati

Vous aimerez peut-être aussi