Vous êtes sur la page 1sur 33

JeBLOG

Naskah Nazarudin Azhar

Di hiji rohangan. Peuting.


Dalka keur néangan bulan tina jandéla. Burhan diuk sila rada béh juru bangun nu keur
menekung. Sarwani keur sasaréan dina bangku bari melong lalangit.
Ti kajauhan kadéngé sora tihang listrik ditakol 10 kali. Tiap sorana ngabelentrang, ku
Dalka diitung.
Sarwani : Sapuluh kali! Teu kudu diitung atuh, lur. Tiap wayah kieu tangtu jam
sapuluh.
Dalka : Tapi bulan can katémbong kénéh waé…
Sarwani : Karék jam sapuluh…
Dalka : Biasana sok mucunghul terus seuri…
Sarwani : ...sakeudeung deui jam sawelas, jam duawelas, jam satu…
Dalka : Piraku moal aya bulan mah peuting ieu téh nya euy?
Sarwani : Ganti poé, peuting deui. Ganti poé, peuting deui. Peuting…
Dalka : Teu ramé atuh peuting taya bulanan mah. Lol atuh sakeudeung mah lah...
Sarwani : ...ganti poé, ganti minggu, ganti bulan…
Dalka : Bulan nu éta téa geuning, nu manis-manis sombong. Nu sok ngajak
seuri ti langit…
Sarwani : ...ganti taun… taun demi taun…
Dalka : Biasana sok tara kanyahoan datangna. Ujug-ujug aya wé, nyéréngéh…
Sarwani : Euweuh tungtungna. Cenah tungtungna téh engké mun geus kiamah…
Iraha kiamah téh nya euy?
Dalka : Naon?
Sarwani : Kiamah!
Dalka : Moal waka. Dina geus deukeutna gé sabisa-bisa urang kudu ménta ka
Gusti, sangkan ulah waka kiamah.
Sarwani : Memangna Gusti rék nurut kitu ka urang?
Dalka : Nya atuh urang cobaan wé. Susuganan.

1
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Sarwani : Kumaha carana?
Dalka : Nya masing-masing ménta, ngadu'a, sangkan kiamah tong waka datang.
Sarwani : Mun nu séjén teu guyub kumaha? Saha nu nyaho aya nu ngadu'a
sangkan kiamah téréh-téréh…
Dalka : Mustahil atuh, lur. Saha nu hayang gancang-gancang kiamah.
Tiap jalma tangtu masih kénéh miharep poé isuk, lantaran pastina gé
boga kénéh angen-angen nu can kalaksanakeun. Kahayang.
Sok, di dinya boga kénéh kahayang teu?
Sarwani : Aya. Hayang panggih jeung pamajikan.
Dalka : Éta wungkul?
Sarwani : Nu utamana éta.
Dalka : Urang mah kahayang téh basajan pisan. Hayang salawasna nyorang
peuting nu aya bulanan…
Sarwani : Lain basajan, tapi pamohalan paménta kitu mah. Bulan mah pan tara
datang tiap peuting.
Dalka : Ngaranna gé kahayang. Bébas wé atuh kumaha urang…
Sarwani : Enya, tapi mun kahayangna mustahil jiga kitu, terus ménta ka Gusti
sangkan ulah waka kiamah, asa moal diturut ceuk urang mah. Kateuteuari
ngadu'a gé. Ukur tambuh laku.
Dalka : Lebah dieu cupetna pikiran ilaing mah. Keur Pangéran mah euweuh nu
mustahil.
Sarwani : (Hudang) Heueuh saréréa gé apal, tapi lain hartina urang bisa ménta hal-
hal nu teu saluyu jeung kanyataan nu geus aya. Mun salila ieu bulan
datangna teu tiap peuting, nya bakal kitu salilana. Mun beurang kudu
paselang jeung peuting, nya bakal kitu salilana…
Dalka : Imajinasi, mén… Imajinasi!
Sarwani : Tah éta nu nyasarkeun ilaing téh.
Dalka : (Seuri) Da keur urang mah imajinasi téh penting. Naon nu aya di luareun
kamampuhan urang salaku manusa, bisa diciptakeun jeung dihirupkeun
dina imajinasi. Imajinasi jeung kanyataan téh sed saeutik bédana.
Sarwani : Dasar tukang ngalamun.
Dalka : Kudu ngalamun améh ngalaman.
Sarwani : Lah, lieur ngobrol jeung ilaing mah.
Dalka : Pan di dinya gé sok mindeng ngalamun lin?

2
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Sarwani : Ngimpleng.
Dalka : Naon bédana? Saré bari melong lalangit. Cik naon nu katénjo?
Sarwani : Pamajikan.
Dalka : Terus?
Sarwani : Manéhna seuri bari ngagupayan.
Dalka : Di mana?
Sarwani : Di pepenclut Pasir Kembang, handapeun langit nu biru. Handapeun
lambaran méga nu ngayang bodas lir kapas, katiup angin saririhan...
Dalka : Tah, éta téh imajinasi! Buktina mah ilaing teu apal di mana manéhna,
keur kumaha, jeung saha, geus kumaha….
Sarwani : Urang mah apal. Manéhna keur ngadagoan urang di imah.
Dalka : Mun kanyataanana teu kitu?
Sarwani : Teu kitu kumaha?
Dalka : Heueuh. Mun manéhna geus manggih kahirupan anyar. Upamana pamajikan
di dinya geus kawin deui, boga anak ti salakina nu anyar, cicing di
tempat séjén bari…
Sarwani : (Nangtung) Naon maksudna, hah?
Dalka : (Seuri) Geus welasan taun, lur. Welasan taun! Di dinya teu apal naon nu
kajadian di luar dina waktu welasan taun.
Sarwani : Tapi aing apal kumaha watek pamajikan aing!
Dalka : Tapi moal jiga apalna ilaing kana kuku leungeun sorangan. Manéhna
jalma hirup. Boga kahayang, boga kanyeri kapeurih nu béda jeung nu
karasa ku ilaing… Urang gé apal da kungsi wawuh ka nu ngaran awéwé téh.
Sarwani : Dina heueuhna gé kitu, aing mah teu hayang ngadéngé!
Dalka : Teu kadéngé gé pasti karasa.
Sarwani : Aing apal kana kasatiaan pamajikan sorangan!
Dalka : (Seuri bangun genah) Mun sapoé dua poé, atawa paling lila sabulan…
Sarwani ngajéwang baju Dalka. Tapi basa Sarwani rék ngababuk Dalka, kaburu kadéngé
sora Burhan seuri nyakakak. Sarwani ngarérét ka Burhan, Dalka dilésotkeun.
Burhan : Ahirna mah hasil, Éyang…
Sarwani : Sarap! Na teu bisa mun teu ngagareuwahkeun batur?
Burhan : Sssst!
Dalka : Ku naon ari manéh? Urang rék diteunggeul pisan ku si Sarwani tepi ka
teu jadi da manéh kaburu nyakakak. Ari manéh ku naon?

3
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Sarwani : (ngarérét ka Dalka, kerung, rét deui ka Burhan) Ari ilaing
nyeungseurikeun naon, Burhan?
Burhan : Sssst! Katénjo teu? Katénjo teu?
Sarwani jeung Dalka neges-neges Burhan, ngarérétan ka sabudeureun.
Dalka : Naon nu katénjo téh?
Burhan : Tempokeun sing awas. Mun perlu puseurkeun sakabéh pancadria nu aya
di diri aranjeun. Konséntrasi. Pelong ka dieu. Sssst….
Sarwani : Boa geus gélo manéh téh, nya naon atuh nu kudu diténjo ku déwék téh?
Burhan : Mimitina ukur saukuran kebul, terus beuki luhur, beuki mumbul…
Dalka : Jadi panasaran euy…
Burhan : Ngalayang… Kumalayang…
Dalka : Naonana?
Burhan : Lir kapas, lir kembang eurih nu katebak angin…
Sarwani : Heueuh meureun geus ngésér uteukna…
Burhan : Hampang temenan. Mumbul jauh ka pingpitu uwung-awang…
Dalka : Naon nu ngalayang téh… (ngilikan kana luhureun sirah Burhan)
Euweuh nu katémbong…(Nepak taktak Burhan) Euy!
Burhan : (jiga nu keur hiber aya nu metot, manéhna ngadayagdag, rét ka baturna)
Na aya ku teungteuingeun, keur ngeunah-ngeunah ngalayang,
digareuwahkeun…
Dalka : Ngalayang?
Sarwani : Lur, sadar euy, urang gé ngarti kana kahayang di dinya. Hayang bisa
hiber lin? Ieuh, kahayang sih kahayang, tapi kadé bisi kateterusan
ngagiclek!
Burhan : Ééééh, na teu nénjo kitu awak kuring cikénéh ngalayang tina ubin?
Dalka : (nyeta-nyeta nu utah)
Burhan : Lumayan, geus aya sadeupa mah luhurna…
Sarwani : Sadeupa? Na da asa teu katénjo ngambang-ngambang acan…
Burhan : Kurang kétang ti sadeupa mah… Opat jeungkal lah…
Dalka : Naonana nu opat jeungkal téh?
Burhan : Kuring ngalayang…
Sarwani : Ngimpi meureun.
Burhan : Nu matak ténjokeun sing bener…
Dalka : Opat jeungkal ka luhur mah atuh luhur (ngukur tina ubin ka luhur, opat

4
JeBLOG- Nazarudin Azhar
jeungkal) Sakieu yeuh…
Burhan : Kurang kétang, aya meureun dua jeungkal nu benerna mah… Karasa
genahna…
Dalka : (ngukur, dua jeungkal) Sakieu?
Burhan : Sakitu nyah? Cik kurangan saeutik…
Dalka ngurangan jeungkalanana.
Burhan : Saeutik deui…
Dalka nurunkeun leungeunna beuki handap, méh adek jeung ubin..
Burhan : Aya sakitu mah, nu pasti mah awak kuring geus teu napak kana ubin…
Sarwani : Kateuingan manéh mah ngalamun téh…
Burhan : Daék medu! Piraku aranjeun teu percaya ka kuring?
Dalka : Enya kitu?
Burhan : Kuring téh keur nyarita dines ieu téh…
Dalka : Manéh bisa ngambang tina ubin?
Burhan : Enya. Cikénéh teu katempo?
Sarwani : Teu hayang ngabandunganana gé.
Burhan : Édas. Teu percayaan. Bisi teu yakin pék ténjokeun ku aranjeun, kuring
rék menekung deui, museurkeun deui sakabéh pancadria… (menerkeun
deui silana. Sidakep, terus peureum) Ulah waka ganggu. Ténjokeun sing
bener…
Dalka melongkeun Burhan. Sarwani gogodeg terus ngagolér deui dina bangku.
Dalka : Anjir!
Sarwani ngarérét ka Dalka nu keur anteng melong Burhan.
Dalka : Édas euy!
Sarwani cengkat deui, terus milu melongkeun Burhan.
Dalka : Hébat manéh Burhan euy. Sasénti…dua sénti…tilu sénti…
Sarwani nyampeurkeun.
Dalka : Katénjo teu ku di dinya?
Sarwani : Naonana?
Dalka : Si Burhan awakna ngambang…
Sarwani : Lah…
Dalka : Opat sénti… Lima sénti…
Sarwani : Ké..ké..ké...
Dalka : Manéh hasil Burhan euy! Nya ceuk déwék gé euweuh nu mustahil…

5
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Manéh hayang bisa ngapung, ayeuna geus katénjo hasilna, lantaran
manéh getol usaha…
Sarwani : Teu kaharti…
Dalka : Mémang moal kaharti. Tapi ieu kanyataan…
Sarwani : Manéh hasil euy Burhan…
Dalka : Terus! Sing bener-bener luhur, euy!
Sarwani : Urang hayang nénjo manéh nobros kana lalangit. Hiber ka awang-
awang. Jadi siraru. Jadi manuk. Jadi kukupu…
Dalka : Jadi kapas nu hampang katebak angin… Mumbul jauh ka langit pingpitu!
Dalka jeung Sarwani terus ngumbar imajinasina, melong Burhan nu “ngalayang”. Burhan
nu ti tadi angger diuk, laju nangtung lalaunan, leungeunna ngarampayak, terus jiga nu keur
ngalayang muteran rohangan, naék kana tempat saré, kakalayangan di dinya. Sakapeung
katémbong jiga nu keur ngibing tayub. Dalka jeung Sarwani nangtung, terus jiga nu nyarita
ka jauhna, ka Burhan nu keur ngalayang téa.
Dalka : Laksana, lur…
Sarwani : Ngapung sing jauuh!
Dalka : Tepungan sakabéh pohaci nu aya di langit, luur!
Sarwani : Sing jongjon kumalayang sorangan!
Dalka : Lir siraru nu muru cahaya. Lir manuk nu keur nyacapkeun kasuka!
Sarwani : Lamun tepung jeung pamajikan uing, béjakeun uing sono, hayang
panggih!
Dalka : Uing mah ngan ukur hayang panggih jeung Nyi Putri Bulan. Mun
tepung jeung manéhna, béjakeun uing keur ngadagoan seurina, imutna,
cahayana!
Sarwani : Kadé ragrag euy...! Sing ati-ati, ngarah manéh tepi ka tempat pamajikan
uing. Béjakeun uing kagegeringan kituh, béjakeun uing sono pisan,
béjakeun uing pasti bakal mulang deui ka manéhna….
Dalka : Tong loba heureuy euy hiberna, bisi datang angin badag, engké manéh
murag, terus moal tepung jeung Nyi Putri Bulan nu sok didongéngkeun
ku indung uing baréto… Kadé euy sing ati-ati…
Sarwani : Béjakeun ka pamajikan uing, ulah loba teuing pikiran, uing di dieu cageur
kituh. Tong dibéjakeun uing sok remen incok, bisi manéhna hariwangeun!
Dalka : Béjakeun ka Nyi Putri Bulan, ulah sok kakapeungan kituh datang téh.
Sing mindeng, mun bisa unggal peuting, jiga baréto keur sok remen

6
JeBLOG- Nazarudin Azhar
didongéngkeun ku indung uing…
Sarwani : Béjakeun ka pamajikan uing, uing hayang dilongok kituh… Uing hayang
pisan panggih kituh… Uing hayang ngusapan buukna, hayang ngambeu
bau awakna, hayang ménta dihampura…!
Dalka : Béjakeun ka Nyi Putri Bulan, mun bisa datang peuting ieu kituh. Uing
moal bisa saré mun can nénjo seurina…!
Burhan capé kakalayangan, jrut tina bangku tempat saré, terus samakbrek dina ubin.
Paromanana marahmay.
Dalka : Kunaon?
Burhan : Capé. Capé tapi ni'mat.
Sarwani : Urang can bérés nyarita…
Burhan : Engké mun geus teu capé, kuring pasti hiber deui…
Dalka : Heueuh, reureuh heula atuh. Keur ngamimitian mah sagalarupa gé sok
gancang pisan capé. Éta téh kulantaran can biasa…
Burhan : Awak karasana bener-bener hampang, ngoléang. Asa jadi kapinis…
Sarwani : Tapi nu katénjo ku urang mah manéh téh jiga heulang…
Burhan : Enya, da kuring gé rarasaan téh asa jadi heulang… Heulang nu lincahna
jiga kapinis…
Dalka : Teu panasaran euy geus laksana sakumaha nu sok dilamunkeun mah…
Sarwani : Tapi..., naha enya kitu tadi téh manéh bisa hiber?
Burhan : Piraku teu katingali?
Dalka : Teu penting enya jeung henteuna mah. Nu penting mah ieu dulur urang
téh geus cacap kasuka. Sanggeus heubeul latihan konséntrasi aya kana
mangratus peutingna, kiwari laksana, bisa hiber jiga heulang…
Burhan : Heulang nu rancingeus jiga kapinis…
Sarwani : (ngomong sorangan bari ngagolédag kana bangku) Naha heueuh kitu tadi
téh manéhna hiber?
Burhan : Peuting ieu kuring pasti bisa saré tibra. Tibra-satibra-tibrana. (Ngagolér)
Dalka : (Cungelik sorangan) Heueuh geura sararé. Geura ngundeur impian.
Kuring mah rék ngadagoan heula Nyi Putri Bulan.

7
JeBLOG- Nazarudin Azhar
2

Sarwani jeung Burhan sararé tibra.


Lapat-lapat kadéngé sora Wanoja nu ngahariring. Dalka curinghak. Manéhna terus
nyampeurkeun jandéla. Alak-ilik ka luar.
Dalka : Apal kana sorana. Apal kana hariringna. Moal salah… Hariring éta pisan
nu sok biasa kapireng dina jam sakieu téh. Nu sababaraha peuting kamari
ilang tina dédéngéan. Manéhna datang deui geuning. Taya nu bisa
ngahalangan kana geter haté kuring, nu baris tepi ka manéhna. Manéhna
pisan nu keur didagoan téh…
Sora nu ngahariring leungit.
Dalka : Yap ka dieu, baturan kuring! Éh, naha leungit deui hariringna nya?
Piraku ukur ngaliwat wungkul mah. Atawa ukur dédéngéan kitu? Ukur
sora angin? Atawa sora simpé? Tapi écés pisan kadéngéna tadi téh. Sora
manéhna. Hariring nu éta. Yap, ka dieu, baturan uing! Hih, enya leungit
deui hariringna téh. Piraku ukur ngaliwat wungkul mah. Atawa ukur
dédéngéan uing wungkul kitu? Ukur sora haté sorangan nu midangdam?
Ukur sora euweuh nu ngadadak asa aya lantaran uing midangdam?
Dalka terus diuk dina bangku tempat Sarwani saré. Ngarérétan baturna nu keur talibra.
Dalka : Keur ngarimpi naon euy? (Ka Sarwani) Ilaing mah pasti keur ngimpi
panggih jeung pamajikan ilaing nya? Silih rangkul namplokkeun kasono
sanggeus heubeul teu tepung. Bagja ilaing mah masih kénéh bisa ngimpi.
Masih kénéh bisa tepung jeung nu dipikasono sanajan ukur dina impian.
Kadé euy, bisi poho balik. Ulah betah teuing cicing dina impian téh.
Najan sono sakumaha sonona, ari nu kasebut impian mah pan ngan ukur
anjanganeun, lain pikeun panganjrekan sanajan pikabetaheun. (Ka
Burhan) Ilaing mah tangtu keur ngimpi ngapung. Hiber jiga heulang nu
ngawasa jomantara. Nyérangkeun tempat nu pangjauhna. Urang mah
moal nyebut pamohalan kana kahayang ilaing téh. Pan ilaingna sorangan
gé sakitu yakinna yén hiji waktu baris laksana cita-cita. Sirik uing mah
ka ilaing téh. Ilaing mah teu galideur najan batur nyapirakeun gé.
Heueuh. Mun isuk pagéto ilaing bener-bener bisa hiber,
pangnyomotkeun layung nu hibar kasorénakeun, nu baheula remen
katémbong méméh sakabéhna mongkléng. Layung téh permadani langit

8
JeBLOG- Nazarudin Azhar
nu sok mapag sakabéh implengan peuting, sabot Nyi Putri Bulan datang
terus imut bari mépéndé uing. Ah, baheula kétang éta mah. Tapi mun
enya téh ilaing bisa ngapung, sakalian pangriksakeun layung bisi
nguyung mun pasosoréna aleum. Bisi pundung mun aleum nerus robah
jadi hujan. Ngarah hiji waktu, mun uing aya di témpat séjén, masih
kénéh bisa panggih jeung manéhna. Hayang apal, naha masih kénéh
éndah jiga dina dongéng baheula mangsa uing keur budak? Jiga sonona
uing ka bulan wé, taya bédana. Ceuk indung uing cenah bulan téh
baheulana mah putri nu kacida pisan geulisna. Ilaing apal teu dongéng
éta? Moal. Da ilaing mah can kungsi tepung jeung indung uing. Mun
panggih mah pasti ilaing gé dipangdongéngkeun…
Ti tempat nu remeng-remeng, Wanoja nyampeurkeun lalaunan ka lebah Dalka.
Wanoja : Dalka…
Dalka : (Can apaleun aya nu datang) Bulan téh asalna hiji wanoja nu kacida
geulisna. Ngaranna Nyi Putri Bulan. Hiji waktu manéhna ngimpi panggih
jeung déwa nu ngawasa langit, nu kacida kasép jeung gagah, tepi ka Nyi
Putri Bulan beurang peuting terus midangdam éta déwa. Hanjakal,
kahayangna teu tinekanan. Déwa nu dipikaasihna teu bisa turun ka dunya
lantaran teu bisa ninggalkeun langitna. Nyi Putri Bulan terus ménta tulung
ka hiji nini-nini tukang sihir, sangkan manéhna bisa ngapung ka langit,
sangkan bisa tepung jeung déwa nu dipikacintana. Kahayangna laksana. Nyi
Putri Bulan dina hiji peuting bisa hiber, terus manéhna ngapung ka langit.
Tapi can tepi ka nu dituju, jangjangna potong mantén. Langit nu sakitu
jauhna teu bisa disorang ku jangjang ciciptan. Antukna, Nyi Putri Bulan
ukur bisa kukurilingan di jomantara. Sedeng déwa nu apal kana keyengna
kahayang Nyi Putri Bulan, ukur bisa neuteup ti jauhna, da puguh manéhna
teu bisa ninggalkeun langit téa. Hiji mangsa Nyi Putri Bulan béakkeun
tanaga, bari terus ngalayang kabawa ku lambak angin, manéhna
ngagerentes; kuring rido mun téa mah ayeuna kudu nemahan pati, asal
kuring tetep aya di jomantara sangkan teu jauh teuing jeung panutan nu
dipicinta. Nyi Putri Bulan tepi ka patina. Wujudna robah jadi bulan nu terus
kumalayang di awang-awang. Déwa nu ngawasa langit kacida ngahelasna,
manéhna terus ngawurkeun béntang, sangkan roh Nyi Putri Bulan aya nu

9
JeBLOG- Nazarudin Azhar
maturan. Kitu dongéngna téh, lur… Mun bulan keur cahayaan éta téh
tandana roh Nyi Putri Bulan keur neuteup déwa nu dipiasihna…
Wanoja : Dalka…
Dalka : Éh, sada sora indung kuring…
Wanoja : Dalka…
Dalka : (Ngarérét ka Wanoja. Manéhna bangun nu teu percaya kana téténjoan)
Nyi Putri Bulan… Ema… Nyi… éh, Ema…
Wanoja : Ngadongéng keur saha?
Dalka : Ieu téh Nyi Putri Bulan? Ieu téh Ema, atawa… Ah, Nyi Putri Bulan, teu
sangka anjeun bakal datang peuting ieu…
Wanoja : Ngahaja. Pan biasana gé sok nyimpang ka dieu.
Dalka : Tapi sababaraha peuting kamari, anjeun teu témbong…
Wanoja : Kapan teu bisa saendeng-endeng tepung…
Dalka : Tapi naha saméméhna tiap peuting anjeun sok datang, ari kamari ieu bet
ilang?
Wanoja : Satungtung kuring aya dina haté anjeun, kuring tangtu salawasna aya
maturan...
Dalka : Tapi haté kuring gé teu salawasna kosong keur anjeun. Kalan-kalan aya
bulan séjén nu datang maksa milu meuting dina haté. Bulan nu geus
ilang cahyana. Bulan nu méhong rupana…
Wanoja : Éta gé bulan ngaranna…
Dalka : Tapi kuring mah hayang bulan nu cahayaan jiga anjeun…
Wanoja : Teu salawasna cahayaan kuring gé. Aya mangsana kuring kudu alum…
Dalka : Lah, ulah alum atuh, sangkan kuring bisa terus ningali cahaya anjeun…
Wanoja : Nya heug atuh, kuring rék saterusna cahayaan. Kulantaran kitu, ti mimiti
peuting ieu kuring rék jadi indung anjeun…
Dalka : Jadi indung kuring?
Wanoja : Enya.
Dalka : Jadi… Ieu téh Ema?
Wanoja : Enya ujang, ieu téh ema hidep…
Dalka : Ema…
Wanoja : Geus lila ema sok nangenan hidep, anaking. Ti kaanggangan ema ukur
bisa melong hidep. Hayang cumarita, hayang nyalukan ngan teu bisa.
Dalka : Nyalukan ti mana, Ema?

10
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Wanoja : Nya ti kaanggangan.
Dalka : Ti luhur?
Wanoja : Enya.
Dalka : Ema sok ningali ujang ti luhur?
Wanoja : Enya.
Dalka : Sok sareng saha Ema di luhurna?
Wanoja : Jeung sakabéh nu dipicinta ku ema.
Dalka : Geuning ujang teu diajakan ku Ema ka luhur…
Wanoja : Can waktuna. Hiji mangsa urang baris babarengan salawasna.
Dalka : Ujang sono hayang dipangdongéngkeun...
Wanoja : Pan hirup gé geus teu béda jeung dongéng, elu.
Dalka : Béda atuh, Ema. Hirup mah béda jeung dongéng. Dina dongéng mah sok
aya putri geulis nu bobogohan jeung jajaka kasép.
Wanoja : Éta mah ukur mamanis, anaking. Dongéng nu saenyana mah teu béda
jeung kanyataan. Jiga hirup nu eusina ukur patelakna salah jeung bener.
Dalka : Jadi ujang téh keur hirup dina dongéng, Ema?
Wanoja : Enya. Hidep téh keur ngalalakon dina dongéng, dongéng nu nembrak
dina kanyataan hirup.
Dalka : Saha nu boga lalakonna?
Wanoja : Nya Ujang nu boga lalakonna mah.
Dalka : Lain, Ma. Nu boga lalakon mah hirupna sok bagja, teu sangsara jiga
ujang. Nu boga lalakon mah sok jadi jagoan, teu jiga ujang nu kudu
papisah jeung Ema.
Wanoja : Papisah ukur keur saheulaanan. Hiji mangsa bakal langgeng babarengan.
Dalka : Iraha Ema?
Wanoja : Nya kumaha nu ngatur lalakon urang.
Dalka : Anu di langit téa?
Wanoja : Enya.
Dalka : Nu di langit terangeun kitu ujang aya di dieu?
Wanoja : Puguh wé, Ujang.
Dalka : Teu karunyaeun kitu ka ujang?
Wanoja : Karunyaeun.
Dalka : Naha geuning teu nulungan?
Wanoja : Sakabéhna aya dina dampal leungeun hidep. Nu bisa ngarobah hirup

11
JeBLOG- Nazarudin Azhar
jeung kahirupan hidep ukur hidep sorangan.
Dalka : Ma. Ujang sono. Ujang hayang dipangdongéngkeun, Ma.
Wanoja : Keun iraha-iraha ku ema dipangdongéngkeun.
Dalka : Hayang ayeuna…
Wanoja : Ayeuna mah emana teu bisa lila.
Dalka : Ema rék indit deui? Ninggalkeun ujang?
Wanoja : Enya. Ngarah hidep bisa ngatur hirup hidep sorangan. Ema mah ukur
cukang lantaran.
Dalka : (Ngagoléhé dina lahunan Wanoja) Ema ulah indit deui…
Wanoja : (Ngusapan sirah Dalka) Wayahna. Hiji waktu urang bakal langgeng
babarengan.
Dalka : Ujang kesel sorangan...
Wanoja : Urang boga carita nu béda, elu.
Dalka : Kunaon Ema téh sok ninggalkeun waé ujang?
Wanoja : Geus kitu caritana.
Dalka : Jiga baréto basa ujang keur leutik. Ema sok mindeng indit. Ninggalkeun
ujang sorangan.
Wanoja : Geus kitu lalakon nu kalakonan.
Dalka : Sok ka mana harita téh, Ma?
Wanoja : Hidep teu kudu apal…
Dalka : Ema ngahaja ninggalkeun ujang sorangan. Ema leuwih resep babarengan
jeung batur…
Wanoja : Ceuk saha? Ema kapan nu sok mangdongéngkeun méméh hidep saré.
Dalka : Tapi teu tiap peuting. Mimindengna ujang kudu saré sorangan.
Wanoja : Ema kapaksa…
Dalka : Kapaksa? Na saha nu maksa Ema?
Wanoja : Kaayaan.
Dalka : Kapan hirup urang bisa diatur ku urang sorangan. Naha Ema bet
ngéléhan kana kaayaan?
Wanoja : Kapaksa kapan. Aya mangsana kanyataan teu bisa dilawan. Aya
mangsana urang kudu ngéléhan sangkan bisa terus hirup.
Dalka : Ema teu nyaah ka uing. Sarua jeung si Bapa nu indit terus teu datang
deui...
Wanoja : Ema nyaah pisan…

12
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Dalka : (Cengkat tina lahunan Wanoja) Enya..., karék kapikir ayeuna, Ema téh
teu mikanyaah kuring sakumaha kuduna hiji indung ka anak…
Wanoja : Naha maké nyarita kitu?
Dalka : Kuring mindeng mikiran hal ieu basa kuring keur leutik, basa Ema
mindeng ninggalkeun kuring ceurik sorangan. Ema indit. Duka ka mana.
Duka jeung saha. Kuring tara pisan aya nu maturan mun tengah peuting
ngarasa keueung sorangan. Kuring ukur bisa miharep sangkan Ema
gancang mulang.
Wanoja : Tapi kapan ema sok mulang…
Dalka : Enya mun geus subuh…
Wanoja : Hampura ema, elu.
Dalka : Kuring mindeng ningali Ema sapopoe saré tibra, ladang peuting
ngulayaban. Kuring ukur bisa ngaheruk, teu bisa kumaha. Hayang pisan
ngajak nyarita, ngan teu bisa.
Wanoja : Hampura…
Dalka : Kanyaah nu kacida pisan gedéna, ukur bisa diucapkeun ka nu keur tibra.
Kuring hayang boga indung nu salawasna bisa diajak nyarita. Indung nu
bisa dipaké panyaluuhan mun haté keur tunggara…
Wanoja : Hampura, ema…
Dalka : Unggal poé unggal peuting Ema ukur maturan na implengan. Dina saminggu
ukur sapeuting sok mangdongéngkeun. Kuring hayang unggal peuting
ngadéngé dongéng Ema méméh saré, tapi Ema geuning tara aya waé…
Wanoja : (Ngarangkul taktak Dalka, ngusapan sirahna) Sakabéhna geus
kalakonan. Teu bisa dibalikan deui. Mun téa waktu nu urang bisa
dipulangkeun deui ka asal, ema hayang malikan deui sakabéhna…
Dalka : (Saré na lahunan Wanoja) Ukur Ema nu ku kuring dipikanyaah. Taya nu
séjén. Ukur ka Ema kuring hayang cumarita, embung ka nu séjén…
Wanoja : Ema geus tutas ngalalakon, ayeuna bagéan hidep. Hidep kudu bisa
néangan jalan hidep sorangan, sangkan sakabéhna teu gumantung ka ema…
Dalka : Kuring lain gumantung ka Ema. Kuring lain ngandelkeun sakabéhna ka
Ema. Kuring ukur hayang Ema sapinuhna jadi milik kuring sorangan…
Wanoja : Nya teu bisa mun kitu mah…
Dalka : Naha maké teu bisa?
Wanoja : Lain kitu kuduna.

13
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Dalka : Naha?
Wanoja : Teu kudu dijawab ku ema. Hidep nu kudu ngarti yén hirup boga aturan
nu teu bisa dirempak. Sagalarupana geus aya aturanana.
Dalka : Naha?
Wanoja : Ayeuna hidep geura saré. Peuting geus kacida simpéna...
Dalka : Peuting nu saha, Ma?
Wanoja : Peuting nu hidep.
Dalka : Peuting nu ujang, nya Ma?
Wanoja : Enya. Dug geura saré sing tibra. Ku ema dibaturan.
Wanoja ngahariring bari ngusapan sirah Dalka. Dalka saré tibra.
Lampu reup-reupan.

Adegan sarua jeung mimiti. Peuting. Dalka keur néangan bulan tina jandéla. Burhan keur
menekung mujasmédi. Sarwani keur sasaréan bari melong lalangit.
Ti kajauhan kadéngé sora tihang listrik ditakol 10 kali. Tiap sorana ngabelentrang, ku
Dalka diitung.
Sarwani : Naha teu bosen ngitung sora tihang listrik saban peuting?
Dalka : Gandéng. Tong opénan.
Sarwani : Taya gunana.
Dalka : Nu matak diitung gé ngarah aya gunana. Tuh. Geus jam sapuluh deui baé.
Sakeudeung deui jam sawelas, terus tengah peuting…
Sarwani : Terus kumaha?
Dalka : Nya subuh.
Sarwani : Heueuh, manéh rék naon?
Dalka : Ah, pilakadar ngitung waktu, maké nanya rék naon…
Sarwani : Teu diitung gé waktu mah geus boga katangtuan anu pasti.
Dalka : Naha maké kudu séwot? Nu ngitung, urang. Dina capéna gé, nya urang,
lain di dinya.
Sarwani : Enya, tapi aing rudet ku kalakuan manéh. Saban peuting ngitung sora
tihang listrik.
Dalka : Mémangna urang kudu ngitung sora naon? Ukur sora tihang listrik nu
ditakol nu kadéngé téh lin?

14
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Sora tihang listrik kadéngé deui.
Dalka : Cikénéh jam sapuluh, ayeuna geus jam sawelas deui…
Sarwani : Éta mah lain sora nu nandakeun waktu.
Dalka : Ah, biasana gé tihang listrik éta mah ukur ditakol mun waktu geus
jejeg itunganana. Barina gé saha nu leukeun hantem nakolan tihang
listrik peuting-peuting?
Sora tihang listrik kadéngé deui. Sorana ngaweuhan ka jauhna.
Dalka : Duawelas kali bieu téh sorana?
Sarwani : Éta mah lain sora nu nandakeun waktu! Moal enya cikénéh jam 10
ayeuna geus jam 12 deui?
Dalka : Jadi sora naon atuh éta?
Sarwani : Kateuing. Sora peuting wé meureun. Sora jempling.
Dalka : Heueuh meureun. Kalan-kalan jempling gé kadéngéna sok
ngabelentrang kana ceuli téh. Sora nu kadéngé awahing ku simpé. Aéh,
malem naon ieu téh?
Sarwani : Teuing.usa? Kétang, asa
malem Rebo… Rebo atawa Saptu sih?
Sarwani : Euweuh bédana, rék malem Salasa rék malem Saptu. Kajeun teuing.
Dalka : Malem Jumaah!
Sarwani : Mémangna rék naon?
Dalka : Malem Jumaah biasana indung uing sok tara ka mamana, sok maturan
uing, terus mangdongéngkeun!
Sarwani : Ayeuna mah malem Senén!
Dalka : Malem Senén? Beu, cilaka. Nu bener, lur!
Sarwani : Malem Senén!
Dalka : Indung uing sok indit. Jadi peuting ieu moal datang…
Sarwani : Saha nu moal datang téh? Biasana gé tara aya nu datang. Iwal reungit.
Cucunguk. Cakcak. Toké.
Dalka : Toké? Nu tadi téh sora toké meureun nya? Tapi lain kitu sora toké mah.
Éta mah enya sora simpé…. Ah, bulan gé euweuh deuih….
Sarwani : Matak naon nyieun bulan sorangan, hég keukeuweuk, ngarah teu ngarep-
ngarep waé bulan. Kawas nu sorangan waé bulan téh, meni diarep-arep
saban peuting.
Dalka : Ilaing apal teu, yén bulan téh baheulana putri nu kacida geulisna?

15
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Sarwani : Dongéng! Tahayul! Kawas nu teu ngambeu agama wé!
Dalka : Naon hubunganana?
Sarwani : Bulan mah bulan wé. Ti baheula gé, ti mimiti diciptakeun ku Pangéran,
bulan mah geus kitu. Kamana karep.
Dalka : Imajinasi, mén!
Sarwani : Euweuh mangpaatna.
Dalka : Aya. Lantaran dongéng éta, urang bisa terus ngarasa deukeut jeung
indung urang.
Sarwani : Teu perlu dongéng sangkan ngarasa deukeut jeung jalma nu dipikanyaah
mah. Cukup ku haté nu beresih, teu kacampuran kekebul tina sangkaan
goréng.
Dalka : Keur ilaing. Keur urang mah nya dongéng éta pisan nu bisa jadi cukang
liliwatan ingetan urang, nu ngalantarankeun urang inget terus ka indung.
Burhan : Kuring apal indung ilaing ayeuna keur naon…
Dalka : Hah?
Burhan : Teu katénjo kuring keur ngalayang?
Sarwani : Geus ngalayang deui waé…
Burhan : Kuring keur ngapak jomantara. Kuring bisa nénjo kaayaan di handap.
Kuring keur ngaliwatan imah ilaing, Dalka!
Dalka : Ku naon deui cenah si Burhan téh?
Sarwani : Keur ngapung deui meureun…
Burhan : Imah ilaing téh nu cétna héjo lain?
Dalka : Imah urang? Lain, cét biru…
Burhan : Aéh, heueuh, nu itu nya… Cét biru. Nu cét héjo mah warung geuning…
Dalka jeung Sarwani silih pelong. Surti.
Dalka : Enya bisa nénjo imah urang nyah?
Burhan : Sagala rupa gé katénjo keur ngapung mah…
Sarwani : Ngapung deui euy?
Burhan : Heueuh. Kuring keur ngaliwatan suhunan imah si Dalka. Bieu katénjo
indungna kaluar ti imah, maké baju beureum…
Dalka : Indung urang? Kaluar ti imah?
Burhan : Enya. Di jalan katémbong aya mobil. Tuh, aya lalaki maké jékét
olahraga mukakeun panto mobilna, indung ilaing asup…
Dalka : Lalaki maké jékét olahraga? Mobil? Indung urang asup kana mobil? Nu

16
JeBLOG- Nazarudin Azhar
balég ngalamun téh…
Burhan : Saha nu keur ngalamun? Kuring mah keur ngalaman! Kuring keur
ngalayang. Ténjo! Duh, aya ku hampang ieu awak, lir manuk kapinis…
Sarwani : Ulah digarah-geureuh, Dalka, karunya… Bisi murag!
Burhan : Kuring keur nuturkeun mobil nu cikénéh indit ti buruan imah ilaing, Dalka.
Dalka : Nu balég siah!
Sarwani : Ssst!
Burhan : Buuk indung ilaing téh panjang nya? Geulis euy indung ilaing, Dalka.
Ayeuna mobilna keur méngkol ka jalan nu leuwih ramé. Anjiir! Kieu
geuning nya, nénjo kota ti luhur mah…
Dalka : Nu waras! Na ti mana ilaing apal buuk indung urang panjang?
Burhan : Pan tadi katénjo basa kaluar ti imah… Ssst! Mobilna eureun hareupeun
hiji wangunan…
Sarwani : Wangunan naon?
Burhan : Ké, kudu rada kahandap heula ngapungna… Ooh, hotél! Indung ilaing
asup ka hotél dikaléng ku lalaki nu dijékét olahraga!
Dalka teu kaampeuh, manéhna nyerek awak Burhan nu diuk bari rarampayakan. Ku
Sarwani Dalka dibetot. Burhan jiga nu kabur pangacian.
Dalka : Naon maksudna, hah? Manéh tong nyieun gara-gara! Hayang dicabok ku
aing sia téh?
Sarwani : Geus-geus-geus! Barina gé nu keur saliwang mah tong dilawanan ku napsu.
Kateuteuari, jalma keur ngalamun dicarékan!
Dalka : Heueuh ngarti aing gé, tapi manéhna nyebut-nyebut indung aing!
Sarwani : Naha bener kitu buuk indung manéh téh panjang, imah manéh deukeut
warung nu cétna héjo?
Dalka : Dasar jalma teu waras… (Ngaléos ngajauhan nu duaan, terus
ngajanteng deukeut jandéla).
Sarwani : Jadi bener nyah? (Ka Burhan) Ilaing bener bisa nénjo naon nu
cikénéh dicaritakeun?
Burhan nu masih kénéh rénghap ranjug unggeuk.
Sarwani : Cik ayeuna pangnénjokeun keur naon pamajikan urang!
Burhan : (Sanggeus rada lila melong Sarwani) Di dinya percaya kitu ka kuring?
Sarwani : Nya… percaya…
Burhan : Bener?

17
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Sarwani : Heueuh, sok atuh geura ngapung deui!
Burhan : Kuringna capé kénéh…
Dalka : Nu teu waras dipercaya!
Sarwani : Urang percaya, euy, sok geura ngapung deui, terus pangnénjokeun
pamajikan urang keur naon…
Burhan : Nya dagoan atuh. Kuringna kudu konséntrasi heula…
Sarwani : Ulah lila teuing!
Burhan sidakep sinukutunggal deui. Bari peureum manéhna gegerenceman. Sarwani bangun
teu sabar ngadagoan.
Sarwani : Pung!
Burhan : Cicing atuh tong ngaganggu.
Teu lila leungeun Burhan mimiti ngarampayak jiga jangjang nu mimiti ngiplik. Terus
awakna doyong ka sisi ka gigir.
Sarwani : Kumaha?
Burhan : Tuduhkeun jalanna… Gancang, gedé angin yeuh…
Sarwani : Ilaing keur di mana ayeuna?
Burhan : Keur luhureun hotél nu tadi…
Dalka curinghak, ngarérét ka nu duaan, tapi teu nyampeurkeun.
Sarwani : Hotél naon?
Burhan : Hotél Malati.
Sarwani : Hotél Malati? Nu deukeut bioskop Sarimanis? Ooh, terus ka girang…
terus tepi ka sisi kota. Di dinya aya lembur, aya pasir taneuh beureum…
Aya pasawahan…
Burhan : Lebah mana?
Sarwani : Geus tepi ka sisi kotana acan?
Burhan : Ooh, pasir nu itu? Katénjo, heueuh, tuh keur ditugar ku béko! Sawah…
Euweuh sawahna mah… aya gé wangunan-wangunan anyar…
Perumahan! Enya. Ka mana ti dieu?
Sarwani : Euh, geus euweuh nya sawahna? Cik ka béh kalér, di dinya téh aya situ
leutik, terus aya pasir hiji deui. Piraku teu katénjo, réa kuburan lebah
dinya téh…
Burhan : Kuburan… Situ… Euweuh deuih situ gé, aya gé pasar induk, jigana
anyar kénéh diwangun. Kuburan… ké, ké, jigana lebah dieu yeuh…
Mana nya? Euweuh komplék kuburan gé euy, aya gé wangunan anyar

18
JeBLOG- Nazarudin Azhar
agréng pisan… Cik ah, rék ka béh handap… Ooh, kantor DPRD!
Sarwani : DPRD? Jadi komplék kuburan téh geus jadi gedong DPRD?
Burhan : Heueuh.
Sarwani : Waduh. Kumaha atuh. Cik ka kidul deui… Téangan masjid nu
suhunanana jiga pincuk peuyeum!
Burhan : Tenang, da kudu tartib rék méngkol téh… Is! Jeung aya manuk japati
rék nabrak euy, bis wé kana beungeut! (alak-ilik, jiga nu enya keur
ngapung) Masjid nyah? Masjid nu mana?
Sarwani : Masjid deukeut pasir taneuh beureum… Heueuh, nu keur dibéko ayeuna
mah meureun…
Burhan : Euweuh masjid lebah dieu mah. Aya gé supermarkét.
Sarwani : Anjir. Ka mana lembur aing atuh ieu téh?
Burhan : Kuring kudu gancang balik deui yeuh, teu kuat, anginna gedé teuing…
Burhan eureun ngalayangna. Sarwani garo-garo teu ateul. Dalka seuri.
Sarwani : Ku naon seuri?
Dalka : Éta ku naon maké gagaro?
Sarwani : Jigana rada héséeun si Burhan téh néangan pamajikan urang mah…
Dalka : Percaya nyah si Burhan bisa ngapung? Bisa nénjo nanaon?
Sarwani : Tadi bener teu omonganana? Indung manéh kaluar ti imah, terus naék
kana mobil, terus ka hotél?
Dalka : Sarwani… Sarwani… Ilaing ulah kabobodo ku omongan jalma nu
ngimpi hayang bisa ngapung!
Sarwani : Bener teu?
Dalka : Mémangna urang percaya?
Sarwani : Bener teu?
Dalka : Mun bener rék naon?
Sarwani : Geuning manéh ambék ngadéngé indung manéh…
Dalka : Indung urang mah tara ka hotél! Mémang bénér buukna panjang, imah
urang cétna biru, deukeut warung nu cétna héjo, tapi indung urang tara ka
hotél!
Sarwani : Naha maké nyeuneu ari salah mah… Tapi, imah manéh bener deukeut
warung nu cétna héjo lin? (Ka Burhan) Manéh apal ti mana Burhan?
Burhan : Kapan kuring mah nénjo. Barina gé pas kuring ngaliwat ka luhureunana,
haté kuring langsung nyangka yén éta téh imah si Dalka. Hareupeun

19
JeBLOG- Nazarudin Azhar
imahna aya tangkal kembang keretas, handapeunana aya korsi tina
témbok, deukeut babalongan leutik nu aya sosoangan tina semén dua.
Mémangna iraha kuring kungsi ka imahna?
Sarwani ngarérét ka Dalka, Dalka ngalieus.
Sarwani : Heueuh, berarti bener euy, manéh téh bisa nénjo kaayaan di luar…
Burhan : Sagala rupa gé ari ku ihtiar mah bakal hasil. Asal keyeng tangtu pareng.
Sarwani : Iraha rék ngapung deui euy?
Burhan : Ké geus rerep capéna. Isukan meureun. (Ngagolédag)
Sarwani : Kadé béjaan urang mun manéh rék hiber deui. Panasaran hayang apal
kumaha pamajikan urang ayeuna…
Dalka : Mending gé ulah hayang apal. Bisi nu katénjo lain nu matak
pikabungaheun…
Sarwani : Rék pikabungaheun, rék pikanyerieun, nu penting urang hayang apal.
Dalka : Mun ceuk si Burhan pamajikan di dinya geus kawin deui rék kumaha?
Sarwani : (Ngahuleng) Mun enya manéhna geus kawin deui, urang hayang apal
kumaha rurupaan salakina. Bisi meunangkeun nu teu nyaaheun…
Dalka : Rék dikumaha kitu?
Sarwani : Rék dijejek beungeutna.
Dalka : (Seuri) Bisa kitu ngajejekna ti kajauhan?
Sarwani : Ari manéh kabisa téh ngan ngaléléwéan batur! Na teu meunang kitu
déwék ngarasa bungah ku lamunan sorangan? Lamun enya pamajikan
déwék geus dikawin batur, déwék hayang nu ngawin manéhna téh jalma
bener, jalma nu bisa mikanyaah manéhna!
Dalka : Heueuh, teu jiga ilaing.
Sarwani : (Napsu) Teu jiga déwék kumaha?
Dalka : Mun enya gé ilaing nyaah ka pamajikan, meureun moal aya di ieu tempat.
Sarwani : (Nyampeurkeun Dalka) Aing aya di dieu lain kahayang! Na saha
jalmana nu hayang dipanjara?
Dalka : Nya euweuh. Tapi pan buktina ilaing aya di dieu, hartina moal samata-
mata aya di dieu mun teu ngalakukeun kajahatan. Nya kaasup urang. Si
Burhan ogé sarua.
Sarwani : Aing kapaksa! Sakadar ngabéla kahormatan! Na teu meunang mun aing
ceuceub ka jalma nu geus ngahina kolot aing sorangan?
Sora tihang listrik kadéngé deui. Sorana ngaweuhan.

20
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Sarwani : (Ngajorowok kana jandéla) Aing geus teu butuh ku itungan waktu!
Béjakeun ka sakabéh nu aya di luar! Waktu nu geus nalikung aing di dieu
téh! Waktu nu geus nandasa indung bapa aing téh! Aing geus teu butuh
ku sora-sora nu geus taya gunana! Aing ukur hayang panggih jeung
jalma nu dipikanyaah ku aing! Lain panggih jeung sakur kalangkang nu
terus ngaléléwaan jeroeun sirah! Jeroeun sirah... jeroeun sirah... jeroeun
hulu aing... hulu aing... sirah aing... babatok aing... uteuk aing... (Bari
terus nyarita kitu téh Sarwani terus meupeuhan sirahna ku peureup
sorangan. Jiga nu hayang ngabencarkeun sirahna nu keur karasa
jangar. Sanggeur rada lila manéhna nyampoyong, bari ngahégak
bangun capé manéhna ngalungsar bari nyarandé kana dingding.
Sanggeus rada lila Sarwani nyarita deui. Sorana robah) Ratna,
kahirupan nu kumaha deui nu bakal kalakonan ku kuring téh?
Dalka melong Sarwani. Manéhna terus ngagolér gigireun Burhan. Teu paduli ka Sarwani
terus nu nyarita sorangan.
Sarwani : Naha salah mun kuring ngabéla kahormatan kolot sorangan? Naha salah
mun kolot kuring boga pamadegan anu béda? Naha nu séjén teu bisa
ngahampura mun téa mah enya kolot kuring boga kasalahan dina
hirupna? Mun pilihanana éta dianggap hiji kasalahan?
Kuring geus heubeul diléléwaan ku sora-sora nu sahéng na sirah kuring
sorangan, Ratna. Sora-sora nu kungsi nalikung kolot kuring ku simpé tan
watesan. Kuring ukur miharep kaadilan! Lantaran kaayaan geus teu bisa
diharepkeun, nya kuring nu kudu nyiptakeun kaadilan pikeun kuring
sorangan, jeung pikeun kolot-kolot kuring nu geus taya dikieuna...
Ratna, hampura akang! Geus niat hirup babarengan urang téh, ayeuna kudu
papisah. Hampura. Akang banget rumasa salah mun ingetan keur manteng ka
anjeun. Tapi kudu aya nu dilakukeun, Ratna, sangkan kolot akang teu terus
dihina ku maranéhna…
Sora tihang listrik kadéngé deui. Bangun nu geueuman.
Sarwani ngarumpuyuk deku rada jauh ti Dalka jeung Burhan.
Wanoja datang duka ti mana. Lalaunan manéhna nyampeurkeun Sarwani.
Wanoja : Sakabéhna geus kajadian, kang. Kiwari tinggal sabar, ngalakonan ieu
kanyataan…
Sarwani cengkat, ngarérét ka Wanoja.

21
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Sarwani : Ratna… Ieu téh anjeun, Ratna?
Wanoja : Abdi ngahaja nepungan, pédah geus aya taunna urang téh teu tepung…
Sarwani : (Ngaranggeum leungeun Wanoja) Ratna… Lain ngimpi ieu téh?
Wanoja : Naon bédana impian jeung kanyataan, Kang?
Sarwani : Ratna, akang sono pisan…
Wanoja : Abdi gé sarua, kacida pisan sonona. Sok mindeng miharep Akang mulang,
tapi tepi ka nyeri beuheung sosonggéteun, Akang teu jol kénéh baé...
Sarwani : (Nangtung) Akang gé hayang pisan mulang, hayang tepung jeung
anjeun. Tapi akang kiwari geus jadi babandan simpé, akang ukur bisa
neuteup anjeun dina haté…
Wanoja : Naha atuh? Abdi gé ukur bisa ngalamun beurang peuting. Miharep aya
nu mulang tapi teu datang kalangkang-kalangkangna acan. Ku naon atuh
Akang téh bisa tepi ka kieu?
Sarwani : Kaayaan, Ratna. Kaayaan nu geus teu bisa dikadalikeun ku pikiran akang
sorangan. Kaayaan nu geus ngabalukarkeun urang kudu papisah...
Wanoja : Naha teu bisa mun Akang ngéléhan, teu miroséa omongan maranéhna?
Sarwani : Ratna. Tepi ka danget ieu ngaran akang masih kénéh Sarwani, Ratna.
Ngaran nu kungsi dibikeun ku kolot akang. Kolot nu geus ngayuga jeung
ngalahirkeun akang, nu geus ngagedékeun akang. Lamun dina hiji waktu,
aya nu ngahina kolot akang, naha akang kudu cicing? Kudu males ku
ngajak seuri ka maranéhna?
Wanoja : Tapi balukarna kieu…
Sarwani : Enya. Najan ieu lain nu dipiharep ku akang, akang kapaksa narima.
Akang geus cacap kapanasaran. Jalma-jalma nu sok ngahina kolot akang,
geus paéh kabéh. Hiji-hiji ku akang dipaéhan, lantaran akang nyaah ka
nu jadi indung-bapa, jeung akang geus teu kuat ngadéngé jalma nu
gawéna ngahina akang. Enya, kolot akang meureun baheulana komunis.
Indung akang gérwani. Tapi saha nu bisa nawar sangkan manéhna teu
dilahirkeun ti indung jeung bapa nu kungsi jadi komunis? Saha nu bisa
protés ka Gusti, sangkan manéhna teu jadi turunan PKI? Jalma-
jalma nu maréntah di lembur akang, ti mimiti RT tepi ka kuwu nu ayeuna
geus paraéh kabéh, kabisana ukur ngahina kolot akang tur padahal
duanana geus taya dikieuna. Saha nu geus nancebkeun plang dina
kuburan kolot akang, yén éta téh kuburan PKI? Saha nu geus

22
JeBLOG- Nazarudin Azhar
ngaguratkeun cap PKI dina tarang akang sangkan teu bisa ngurus KTP-
KTP acan? Kilangbara bisa gawé di tempat anu merenah da akang gé
kungsi sakola, atuh sakalieun campur gaul di lembur, naha maké kudu
aya cap ieu anak PKI, ieu lain?
Mojang : Geus kaliwat welasan taun, Kang. Kabéh jalma nu ceuk Akang sok
ngahina, kiwari pan geus taya dikieuna. Naha maké kudu terus ngemu
napsu? Di luar, jaman geus robah, kaayaan geus robah. Pamaréntahan geus
ganti. Akang geus waktuna diajar sabar ngaréngsékeun hukuman...
Sarwani : Akang teu yakin yén akang bisa bébas. Leuwih ti tilu nyawa nu ku
akang ditelasan téh, Ratna…
Wanoja : Enya, terus Akang rék kumaha?
Sarwani : Akang kudu kabur ti dieu. Hiji-hijina cara ukur éta.
Wanoja : Taya hartina najan awak bébas gé ari haté jeung pikiran masih tetep
dipanjara mah…
Sarwani : Ari enggeus kudu kumaha?
Wanoja : (Ukur imut bari ngaranggeum leungeun Sarwani)
Sarwani : (Nyekel pageuh leungeun Wanoja) Akang kudu kabur. Akang teu bisa
ngaringkuk terus di dieu. Urang masih kénéh boga harepan pikeun hirup
babarengan, ngawangun rumahtangga nu bener, boga anak…
Wanoja : (Lalaunan ngaleupaskeun leungeun Sarwani) Ayeuna mah geus taya
hartina, Kang. Abdi gé geus teu nyorangan. Kiwari abdi geus teu di
lembur, abdi nuturkeun salaki ka kota nu jauh... Hapunten abdi, Kang...
Sarwani : Anjeun geus kawin deui? Jeung saha?
Wanoja : (Gideug, bari nahan galura rasa nu méh teu kaampeuh) Hapunten Ratna,
Kang. Panginten kedah kieu lalakonna. Ayeuna urang geus lain-lainna deui.
Tapi abdi tetep nyaah ka Akang, tetep miharep Akang bisa bébas.
Sababaraha taun abdi nganti sabot Akang kakaburan ti lembur, bari
meungpeukan ceuli tina omong batur, tapi nu datang ukur béja, yén
Akang…
Sarwani : Akang pasti bébas, Ratna. Pasti bébas. Malah ayeuna kénéh akang bisa
kabur ti ieu tempat…
Wanoja : Sing sabar, kang…
Sarwani : Urang kudu ngahiji deui, Ratna…
Wanoja : Wayahna, kang…

23
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Sarwani : Ratna…!
Wanoja ukur melong bari lalaunan mundur, terus ilang lebah mongkléng.
Sarwani : (Muru ka lebah ilangna Wanoja) Ratna! Ratna!! Ratnaaaa!!!
Kadéngé sora panto ngagebrug. Terus sora tihang listrik. Sarwani nangtung di dinya,
tanggah. Leungeunna tipepereket.
Sarwani : Hukuman naon deui nu ditibankeun ku Anjeun téh? Na teu cukup
hukuman nu geus katarima salila ieu?
Sarwani ngalumbruk nyuuh. Lampu pareum.

Dalka jeung Sarwani keur saré. Burhan ngagentak nyaring jiga aya nu ngagebah. Alak-ilik.
Rét ka nu Dalka jeung Sarwani.
Burhan : Cikénéh téh asa aya nu ngageroan…Sada sora indung bapa kuring. Sada
sora adi-adi kuring… Sada sora…. Ah. Jempling-jempling teuing atuh
wanci téh. Jam sabaraha ieu téh nya? Guru, anjeun kitu nu datang téh? Atawa
Imam kitu nu cikénéh ngageroan téh? Guru atawa Imam? Atawa lain
maranéhna? Rus-ras. Hirup nu pacaruk jeung impian. Heueuh, nu
sagalarupana sakapeung mah katémbong ahéng. Guru atawa Imam nu
cikénéh ngageroan kuring téh atuh? Si Éyang meureun, guru kuring. Kapan
manéhna mah sakti mandraguna. Tapi élmu nu katarima ku kuring ti si
Éyang can sampurna. Can aya jalma nu bisa kasalametkeun ku kuring.
Kuring can bisa nulungan sasaha. Ah. Anéh, naha anjeun téh waka euweuh
atuh? Padahal mah maot téh engké wé mun kuring geus laksana sakumaha
nu dipikahayang. Kuring hayang bisa tutulung. Sanggeus kuring teu bisa
nulungan indung bapa kuring sorangan. Ku kuring geus dicaritakeun kapan,
Eyang, yén kolot kuring téh aya nu ngaheureuyan. Aya nu neluh ceuk urang
kampung mah. Teu apal nanaon. Balilu kuring mah. Ukur bisa melongkeun
kolot nu ngadadak gering tur teu bisa dicageurkeun ku dokter. Ukur bisa
nyeungceurikan. Teu bisa kukumaha. Aya nu ngawerejit, cenah, aya nu
neluh, ceuk tatangga nu apal. Aya jalma nu hasud ka kolot kuring. Lamun
seug kuring bisa nyageurkeun Ema jeung Abah, meureun ayeuna téh
aranjeunna aya kénéh di kieuna. Saha atuh nu geus neluh kolot kuring téh?
Hémeng, sainget mah kolot kuring téh asa teu barogaeun musuh.

24
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Ti harita kuring boga niat hayang boga pangabisa téh. Hayang bisa
nyageurkeun jalma nu keuna ku teluh. Kuring hayang jadi jalma nu bisa
tutulung, itung-itung pangbakti ka kolot kuring sorangan. Aranjeunna aya di
kalanggengan, alatan kuring teu bisa nulungan. (Niténan kaayaan. Jung
nangtung) Wanci terus nebarkeun jaring jemplingna. (Tanggah bari
peureum, leungeunna ngarandakah) Peuting nu ngawasa peteng, peteng nu
ngawasa peuting, peuting aing peteng deungeun, peuting aing gumalingging
saban peteng deungeun-deungeun. Peuting lain sapeuting-peutingna dina
peteng leungeun aing. Waruga aing lain peuting tempat patelakna peteng.
Bur mancur sukma nu ibur. Ngagulubur nyawa nu sirna. Sapatalékan sima
nganti di ajali. Sagebar tilam cahya meulah mongkléng rasaning aing.
Sampurna ngageuing nu pareng nyaring. Sukma aing sukma deungeun.
Deuleu si raja mandala. Déngé si ratu srangéngé. Hibar lumar sinar gumilar
sasoroting kamulyaan na tungtung sirotol mustakim. Les aing tanpa karana,
ngaraga wening ilang na kasampurnaan…
Wanoja datang duka ti mana.
Burhan : Kuduna mah les wé kuring téh ngaleungit. Tapi can bisa…
Wanoja : Enya, sanggeus ngaleungit anjeun bisa kabur ngaliwatan sipir panjara…
Burhan : Ah, anjeun nu datang téh, Simpé. Anjeun nu tadi ngageroan kuring téh?
Wanoja : Lain. Éta mah nu séjén meureun, nu sok maturan mun anjeun baluweng.
Burhan : Kapan éta mah anjeun, nu sok biasa maturan kuring mah. Enya,
sanggeus kolot kuring euweuh di kieuna. Sanggeus guru kuring tilar tur
kuring leungiteun pamuntangan. Lah, Simpé, teu sangka hirup bakal tepi
ka tempat nu teu dipiharep. Lalakon kuring ukur nepi kana implengan,
kaituna ukur kosong. Ukur anjeun nu satia maturan kuring téh, Simpé.
Wanoja : Kuring mah hayang apal nepi ka jucungna. Sakumaha nu sok
dicaritakeun ku anjeun ka kuring ti heula.
Burhan : Heueuh. Sanggeus si Éyang guru kuring tilar, kuring balik deui ka
lembur. Ah, anjeun gé apal meureun. Heubeul kuring ngaligeuh di
lembur téh. Tepi ka datang hiji jalma anyar pinanggih nu ngajak kuring
ka kota. Inget kénéh harita téh, kuring keur hulang-huleng di buruan
masigit, manéhna jigana tas solat, terus nyampeurkeun kuring. Lur, ana
mah ukur hayang nulungan, nulungan jalma-jalma jiga antum, nu hirup
tanpa tujuan. Mun antum milu jeung ana, tujuanana jelas, nyaéta sawarga.

25
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Wanoja : Enya, anjeun nu haté jeung pikiran keur kosong, terus kapangaruhan.
Isukna anjeun disampeur ku éta jalma, milu ka kota, terus ditepungkeun
jeung jalma nu disebut Imam.
Burhan : Selamat datang, Saudaraku. Seribu malaikat kebaikan menyertai langkah
Saudara senantiasa. Karena apa? Karena kitalah benteng terakhir kekuatan
umat yang sedang teraniaya. Kitu cenah ceuk jalma nu disebut Imam téh.
Sorana tatag, anteb pinuh ku kayakinan. Komara tina sorot panonna éstu
pikasérabeun. Kuring gé teu wani melong beungeutna. Duka kumaha,
ngarasa ajrih pisan. Kuring diilukeun dina pangajian nu ukur dihadiran ku
welasan jalma. Manéhna nu disebut Imam téh apal tepi ka bubuk leutikna
ngeunaan bagbagan agama. Kuring di tengah riungan ditanya, naon waé nu
geus kungsi kaalaman dina hirup kuring. Kuring teu bisa ngabohong.
Dicaritakeun yén kuring keur leutik kungsi diajar ngaji, tapi ukur tepi ka
narabas wungkul, tamba ngéjah teuing maca kur'an. Kungsi deuih sakola,
ukur tamat SD da kolot teu bisa ngabiayaan. Ku kuring dicaritakeun kumaha
kaayaan kolot kuring, nu ngadadak gering tepi ka maotna.
Wanoja : Terus anjeun gé nyaritakeun yén anjeun kungsi guguru ka hiji dukun.
Guguru kumaha carana sangkan bisa nyageurkeun jalma nu keuna ku
werejit…
Burhan : Muhun, abdi téh kahoyong mah tiasa mangpaat kanggo nu sanés, étang-
étang mulang tarima ka sepuh abdi sorangan. Rumaos abdi téh teu acan tiasa
babakti ka aranjeunna. Hanjakal atuh, guru abdi téh, muhun Éyang Sodik,
kabujeng pupus, janten abdi teu acan hatam ngélmu ka anjeunna.
Burhan, antum salah saurang jalma pinilih. Antum geus boga niat nu alus,
nyaéta hayang bisa tutulung, hayang mangpaat pikeun batur nu tangtuna
mangpaat keur kahirupan antum sorangan. Ana teu nyalahkeun antum
guguru ka hiji dukun. Sabab kaayaan haté jeung pikiran antum keur kosong
tur teu boga piliheun nu samistina dilakukeun. Tah, ayeuna antum geus aya
di ieu tempat. Ku antum katingali, di dieu réa dulur-dulur antum nu bakal
jadi dulur lain ukur keur di dunya, tapi ogé dulur pikeun babarengan di
sawarga. Antum jeung nu séjén bisa ngabaktikeun jiwa raga pikeun
kamaslahatan umat dina jalan nu bener. Jalan nu dipirido ku Alloh.
Wanoja : Hmm. Imam nu wijaksana.
Burhan : Katémbongna mah kitu. Saterusna Imam nyarita dina sora nu leuwih

26
JeBLOG- Nazarudin Azhar
tatag, bangun lain sora manéhna. Imam nyaritakeun kumaha kaayaan umat
ayeuna. Kumaha telengesna Amérika jeung Yahudi nu ngakaya umat Islam
di sababaraha nagara. Maranéhna cenah kapir-kapir nu moal jongjon mun
ningali Islam aya dina kamajuan. Ku kituna, urang ulah cicingeun. Kudu aya
tindakan anu nyata sangkan urang teu dikakaya ku maranéhna.
Wanoja : Kuring gé maturan anjeun harita téh. Basa anjeun dibé'at ku Imam.
Disumpah maké kur'an, anjeun kapilih jadi martir.
Burhan : Enya, anjeun gé ningali meureun kuring nu geus masrahkeun jiwa raga
kuring ka Imam, nurut sakumaha paréntahna. Waktu harita dada kuring
kebek ku rasa rumasa. Rumasa salila ieu hirup jauh ti agama. Harita kuring
ngarasa diparengkeun manggih jalan pikeun ngeusian hirup ku iman nu
sabenerna. Katambah deui ceuk Imam cenah kolot kuring téh geus siap
mapagkeun di sawarga. Kuring hayang tepung jeung Abah katut Ema.
Kuring gé hayang maslahat pikeun balaréa. Pikeun kajayaan agama kuring di
ieu dunya. Kuring kapilih pikeun jadi martir, sanggeus milu rupaning latihan
jeung pangajian. Aya tiluan nu kapilih téh, pikeun tilu tempat anu béda.
Kuring ditempatkeun di hiji kapé. Di dinya kuring bakal masrahkeun jiwa
raga kuring pikeun nanjeurna agama nu ku kuring dipicinta. Enya, kapan
sanggeus aya di éta tempat téh, lian ti dilatih strategi perang, ogé beurang
peuting kuring diwurukan rupaning élmu agama, tepi ka iman kuring saban
menit terus ngandelan.
Kuring harita ngarasa geus manggihan jalan nu bener, Simpé, lain jalan nu
sasar sakumaha nu kadéngé basa kuring dijagragkeun ka pangadilan. Harita
niat kuring geus panceg. Sakumaha nu kasaksian ku anjeun nu harita datang
maturan sanggeus kuring tepi ka tempat anu dituju. Kuring ningali bangsa
bulé nu balawiri di kapé téh, Simpé, asa teu ningali jalma, tapi ningali
mahluk nu kudu diancurkeun…
Wanoja : Kuring nepungan anjeun harita lantaran anjeun ngarasa nyorangan di
tempat nu kacida raména. Anjeun moal bisa mungkir, yén anjeun kungsi
asa-asa pikeun ngalaksanakeun tugas ti Imam, sababaraha menit saacan
anjeun kacerek ku kaamanan.
Burhan : Enya, sababaraha menit saacan rangsel na tonggong kuring ngabeledag.
Kuring bet ngadadak keueung, sabab apal yén harita téh kuring aya dina
rénghap panungtungan. Réa rasa nu dumadakan awor lantaran kuring

27
JeBLOG- Nazarudin Azhar
apal detik di mana kuring bakal paéh. Jiwa raga kuring bener-bener
kosong sapada harita. Nu kadéngé ukur ratugna sora jajantung sorangan,
lir sora tambur nu ditabeuh ngungkulan sakabéh sora di pangperangan.
Jeung duka kumaha, hapé nu dijieun alat picu bom dina rangsel, ku Imam
teu dikontak waé.
Wanoja : Jadi nu bakal ngabeledagkeun bom na rangsel téh Imam nyah?
Burhan : Enya. Waktuna geus ditangtukeun, panceg tabuh salapan peuting. Teu
meunang kurang atawa leuwih, sangkan kuring apal di mana kudu cicing.
Jeung deui sangkan kamuat dina koran isukna, jadi kudu dilaksanakeun
saacan koran dicitak, kitu ceuk Imam téh. Kuring teu apal naha ku naon
Imam teu ngontak hapé nu jadi alat picu bom téa. Lebeng tepi ka ayeuna
kuring teu apal naon nu jadi panghalangna.
Wanoja : Nu ku anjeun disebut Imam téh dina waktu nu méh sarua digerebeg ku
pulisi. Ketakna cenah mah geus kaambeu ku intél ti saméméhna.
Di tempat nu sababaraha poé éta jadi markas anyar, pulisi manggihan
hapéna jeung sababaraha bahan pikeun nyieun bom. Imamna mah teu
kacerek, manéhna bisa kénéh kabur tur tepi ka ayeuna can kénéh
katéwak. Tapi tangtuna gé aya hikmahna éta kajadian téh, anjeun teu
terus ancur lantaran alat picu bomna euweuh nu ngontak...
Burhan : Enya, tapi kuring kacerek, terus dipaksa kudu nyebutkeun sakabéh nu
kalibet kana jaringan.... Di dieu kuring ngalakonan hirup nu leuwih
kosong tibatan saméméh tepung jeung Imam.
Wanoja : Di dieu anjeun inget deui ka guru anjeun baréto, lain? Anjeun malah
hayang bisa ngapung sagala, sangkan bisa ka luar ti ieu tempat… (seuri)
Burhan, Burhan… Lalakon téh tepi ka kituna. Nu tadina hayang
nulungan batur, malah rék jadi jalma nu bisa maéhan jalma réa…
Burhan : Enya. Rumasa… (Ngaheruk).

28
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Dalka ngulisik, terus cengkat, rarat-rérét.
Dalka : (Bangun nu hélok ningali aya Wanoja) Ema? Ema atawa Nyi Putri Bulan
éta téh?
Burhan : Naon maksud ilaing téh, Dalka?
Dalka : Ema atawa Nyi Putri Bulan?
Wanoja : Naon nu ayeuna aya dina ingetan anjeun, tah éta kuring.
Dalka : Jadi ieu téh Ema?
Burhan : Ngalindur manéh mah Dalka.
Dalka : Atawa Nyi Putri Bulan?
Burhan : Ngimpi!
Dalka : Ku naon Ema ka dieu wayah kieu? Mangsa nu séjén keur nyaring?
Burhan : Yeuh, ieu mah lain indung ilaing Dalka. Ieu mah kasimpé kuring, batur
kuring guntreng mun peuting jempling.
Dalka : Gandéng, Burhan! Ieu téh indung urang, deuleu! Tingali atuh sing teges,
ongkoh cenah manéh apal ka indung urang! Tah ieu si Ema nu sok biasa
mangdongéngkeun urang waktu urang keur leutik téh. Dongéng Nyi
Putri Bulan téa nya, Ma?
Wanoja : Enya. Kalan-kalan kuring pisan nu sok jadi Nyi Putri Bulan sakumaha nu
sok diimpleng ku anjeun…
Burhan : (Ka Wanoja) Anjeun wawuh ka si Dalka?
Wanoja : Teu béda ti wawuhna kuring ka anjeun.
Sarwani nyaring. Nguniang hudang. Manéhna olohok ningali Wanoja, terus nyampeurkeun.
Sarwani : Ratna…!
Burhan jeung Dalka silih pelong.
Wanoja : Ieu abdi, Akang.
Sarwani nyampeurkeun Wanoja, rék ngaranggeum leungeunna. Ku Dalka dihalangan.
Dalka : Rék naon manéh ka indung urang?
Sarwani : Indung manéh? Cik sing ningali, ieu téh pamajikan urang…
Burhan : Ké heula, Sarwani. Nu balég atuh ngomong téh, moal enya ieu
pamajikan ilaing? (Seuri) Ieu mah sobat kuring, batur kuring
ngawangkong, tempat kuring curhat!
Sarwani : Na jadi malaweung kalakuan téh Burhan? Ieu nu harita kudu ditepungan
ku manéh basa manéh ngapung téh…
Wanoja : Burhan bisa ngapung?

29
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Sarwani : Kateuing, nu katingali mah awakna aya wé ngajugur dina ubin…
Burhan : Geuning ilaing percaya?
Sarwani : Urang mah bakat ku hayang panggih jeung pamajikan, api-api percaya
ilaing bisa ngapung. Nya urang gé itung-itung ngahibur diri wé. (Ka
Wanoja) Ratna, sukur anjeun datang. Harita anjeun ngaléos ninggalkeun,
akang jadi kateterusan gering…
Dalka : Ké lanan, Sarwani. Manéh téh mani so akrab pisan jeung indung urang
téh? (Ka Wanoja) Nu aya di dieu geus lila saletrés, Ema. Hampuraeun.
Sarwani malik ka Dalka, mencrong seukeut.
Sarwani : Nu setrés téh saha? Sidik manéh. Mun manéh boga pikiran jejem mah
moal mungkin ngaku indung ka pamajikan aing!
Dalka : (Seuri ngoa) Pamajikan? Pamajikan ilaing mah geus aya di mana boa.
Geus dikawin batur...
Sarwani napsu, sakilat nyerek Dalka bari ngaheumbatkeun leungeunna rék neunggeul, tapi
geuwat ditéwak ku Burhan. Burhan satékah polah misahkeun Dalka jeung Sarwani nu
papuket. Ahirna mah Sarwani bari jeung nahan napsu, ngaleupaskeun Dalka.
Burhan : Cik sakali ieu mah bareunta atuh euy, tempo sing awas saha nu datang
téh. Bisi arilaing can apal, ieu téh sobat kuring. Nu ngahaja datang rék
maturan kuring ngobrol...
Dalka : Nyi Putri Bulan, anjeun datang rék nepungan kuring, lain?
Sarwani : Ratna... Aya nu kudu dijelaskeun peuting ieu. Ngeunaan urang duaan!
Wanoja : (Sanggeus sababaraha kedapan) Kuring datang keur aranjeun kabéh.
Kuring datang keur Burhan nu haté jeung pikiranana salawasna kosong.
Kuring datang keur Sarwani nu kapaksa kudu papisah jeung
pamajikanana. Kuring gé datang keur anjeun, Dalka, nu salawasna teu
bisa misahkeun mana nu ngan ukur dongéng, mana kanyataan…
Dalka : Tapi sakabéh nu kaalaman ku kuring nyata, Ema. Kuring keur
ngalakonan kanyataan. Najan lamun nyanghareupan anjeun kuring teu
pati bisa ngabédakeun, naha anjeun téh indung kuring atawa Nyi Putri
Bulan. Kuring nyaah ka duanana. Kuring micinta duanana.
Burhan : (Seuri) Sinétron!
Dalka : Taya saurang gé nu bisa ngarebut anjeun tina haté kuring. Anjeun mutlak
milik kuring.
Burhan : Milik manéh?

30
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Dalka : Kuring teu mikeun mun indung kuring reureujeungan jeung lalaki séjén.
Kabéh nu kungsi datang ka imah nyampeur indung kuring, ku kuring
dipaéhan hiji-hiji. Kuring mah ngan ukur hayang ngabuktikeun yén
kuring téh nyaah pisan ka si Ema. Ka indung kuring.
Sarwani : Ilaing gering, Dalka. Parah!
Dalka : Kuring teu paduli rék disebut gering rék disebut naon waé gé, na saha nu
bisa ngahalangan kanyaah kuring ka nu jadi indung?
Burhan : Gering parna!
Dalka : Moal aya jalma nu bisa ngarasakeun kumaha ngabebelana katimburu
kuring, ningali tiap lalaki nu datang nyampeur indung kuring ka imah…
Sarwani : Beu, kakara apal aya jalma jiga manéh…
Dalka : Mémangna silaing waras kitu?
Wanoja : Dalka, kuring ngarti kumaha gedéna rasa cinta anjeun ka nu jadi indung.
Sarua, kuring gé ngarasa kumaha nyaahna aranjeun, Sarwani jeung Burhan,
ka nu jadi kolot atawa ka pamajikan. Tapi kuring kudu terus terang, yén
kuring lain sasaha pikeun aranjeun. Kuring ngan sakadar wujud kasimpé
aranjeun. Nu hiji waktu, boa kuring gé kudu ninggalkeun aranjeun pikeun
salilana. Dina hiji waktu mun sagala rupa pangrasa geus ilang musnah tina
hirup aranjeun. Tapi aranjeun kudu bisa narima ti ayeuna, yén aranjeun
ngalalakon téh lain dina carita nu dijieun keur nu lian, tapi carita nu diatur
keur aranjeun sorangan. Séwang-séwang ngagurat lampah nu béda, ogé bakal
nyanghareupan tungtung hirup nu teu sarua, da puguh séwang-séwang geus
boga hancengan. Aranjeun kudu bisa tumarima.
Dalka : Anjeun teu bisa ninggalkeun kuring sorangan, Ema...
Wanoja : Wayahna, Dalka....
Sarwani : Kuring masih kénéh merlukeun anjeun, Ratna…
Wanoja : Hampura, Kang Sarwani...
Burhan : Ulah waka ninggalkeun atuh euy, kuring hayang kénéh curhat... Sing
karunya...
Dalka : Anjeun teu bisa ninggalkeun kuring sorangan, Ema... Ema kudu terus
jadi milik kuring, Nyi Putri Bulan…Ema... jst.
Sarwani : Akang masih kénéh merlukeun anjeun, Ratna… Urang bisa ngawangun
rumah tangga nu weweg pageuh… jst.
Burhan : Ukur anjeun, Simpé, nu jadi sobat satia mun kuring hayang

31
JeBLOG- Nazarudin Azhar
cumarita…Ulah waka indit ninggalkeun kuring... jst.
Tiluanana terus nyarita. Patarik-tarik, pahayang-hayang didéngé ku Wanoja.
Wanoja ukur imut. Lalaunan manéhna ilang tina tetempoan nu tiluan.
Dalka, Burhan jeung Sarwani mencar néangan Wanoja. Dalka néangan indungna jeung Nyi
Putri Bulan, Sarwani néangan Ratna, sedeng Burhan midangdam Simpéna.
Sora tihang listrik, geueuman.

Dua urang Patugas keur beberesih. Bangku nu aya di ieu rohangan jadi ranjang nu geus
disepréan.
Patugas 1 : Beuki dieu téh asa beuki teu cukup waé kamar tahanan téh nya euy.
Patugas 2 : Heueuh, nagara urang téh kakurangan panjara. Kudu diusulkeun ka
pamaréntah sangkan ngahangkeutkeun pangwangunan panjara, kituh.
Patugas 1 : Da kuduna mah harideng pajabat téh, hég nyieun panjara sing loba. Jadi
mun manéhna kapanggih korupsi téh moal hésé. Anggota DPR jeung
DPRD, kitu deui kudu sina nyumbang pikeun ngawangun panjara, da
engké gé geus anggeus mah moal keur saha deui, nya keur aranjeunna
nya euy?
Patugas 2 : Heueuh, da dibarandungan téh nu di laluhur asa beuki réa nu teu
eucreugna nya.
Patugas 1 : Ngan kacipta meureun, mun pajabat sina nyarieun panjara sorangan,
engké mah bakal réa panjara nu diwangun jiga hotél bintang lima.
Ayeuna wé atuh tingali, urang ngadadak kudu mérésan ieu kamar. Cenah
mah engké téh di dieu bakal dipasang tipi, terus make asé, jeung itu ieu.
Patugas 2 : Heueuh, padahal mah saruakeun wé nya euy jeung panjara keur bangsat
hayam. Ieu mah kéna-kéna manehna urut pajabat, rajeun téh dicerek
alatan korupsi, panjarana ngadadak kudu diseungitan sagala...
Sabot keur ngawarangkong ngadadak jiga aya angin ngahiuk. Duanana terus jempé bari
nyabak punduk, terus gagancangan bébérés.
Patugas 1 : Asa béda rarasaan téh di kamar ieu mah nya. Jeung, ku naon ari kamar nu
ieu dikosongkeun waé nya euy? Padahal pan kamar-kamar nu séjén
mah parinuh?
Patugas 2 : Taya tahanan nu betaheun.

32
JeBLOG- Nazarudin Azhar
Patugas 1 : Lah, saha nu rék betah atuh cicing di jero kamar tahanan...
Patugas 2 : Lain kitu. Kamar ieu mah béda, kungsi dicicingan ku tahanan
hukuman mati.
Patugas 1 : Hukuman mati?
Patugas 2 : Heueuh. Nu saurang anak pelacur, nu maéhan lima urang langganan
indungna. Nu saurang deui anak PKI, nu ngabantéy aparat désa. Duanana gé
geus dihukum témbak. Nu saurang deui mah téroris, rék ngabeledagkeun
bom dina rangselna di hiji kafé, hadéna kaburu kapanggih. Sabenerna mah
manéhna ukur dihukum saumur hirup, ngan duka kumaha bet hiji waktu
kapanggih geus paéh, jiga-jiga aya nu neluh...
Patugas 1 : Ooh, nu harita ramé diberitakeun téa nya? Jadi, dua urang dihukum mati, nu
saurang paéh aya nu neluh? Iyy…
Patugas 2 : Enya geus paraéh tiluanana gé. Geus rada lila. Ti harita kamar ieu téh
dikosongkeun da saban dieusian, tahanan nu nyicinganana sok
langsung strés, najan kakarék sapeuting gé. Cenah mah réa jurigan, sok aya
nu ngaganggu. Matak geus lila kosong kamar ieu téh, kakara ayeuna rék
dieusian deui…
Patugas 1 : Hag siah, kacipta si pajabat koruptor téa mun geus nyirekem di dieu.
Heuheu, hakan tah…
Patugas 2 : (Ngusap pundukna) Cacakan beurang ayeuna gé geus karasa singsariak
kana punduk. Yu ah, geus wé teu kudu beresih teuing…
Patugas kalaluar bari tingbirigidig.
Dalka, Sarwani jeung Burhan nu beungeutna katémbong leuwih pias daratang duka ti
lebah mana. Tiluanana masih kénéh néangan Wanoja. Sanggeus rada lila tiluanana
nyampoyong, terus dariuk na sisi ranjang, pelongna kosong, tingharuleng. Lampu museur
kana beungeut-beungeutna, terus pareum.

Réngsé

Tasikmalaya, 2006/2007

33
JeBLOG- Nazarudin Azhar

Vous aimerez peut-être aussi