Vous êtes sur la page 1sur 2

CARITA PANTUN NYI POHACI LAHIR

Dewa Anta kebat lumpatna, rek ngadeuheus ka Batara Guru. Barang sog ka payunounana
terus dipariksa, “He Anta, ku naon manch bangun anu rusuh pisan? Jeung ku naon bet lengoh
mana batu keur tatapakan téh? Naha Kakang Narada tacan maréntahkeun?”

Sanggeus ngaluarkeun endog tina sungutna, Déwa Anta pok unjukan, “Nun Gusti, Raka
Gusti kantenan parantos miwarang. Atuh para Déwa sadayana parantos nyaranggeman Saur
Raka Gusti, sing saha anu teu tiasa nyumponan eta pamundut Gusti, baris diteukteuk beuheung.
Nguping kasauran kitu, abdi Gusti teu kinten sedihna. Abdi Gusti ngaraos moal tiasa nyumponan
éta pamundut, rumaos teu gaduh suku teu gaduh leungeun. Ngémutkeun kana nasib abdi nu baris
tumiba kana diri, harita teh abdi Gusti rambisak. Clak, clak, clak, cipanon abdi Gusti ngeclak, …
gorolong gorolong. gorolog, jadi endog tilu siki Ku Raka Gusti, abdi Gusti dipiwarang
ngadeuheus mundung tibangan Gusti, réhna abdi Gusti walurat téa. Sajaba ti éta, dipiwarang
nyanggakeun endog anu tilu siki tea.”

Saur Déwa Guru, “Geuning ngan sasiki? Ana anu dua deui?”
Walon Déwa Anta, “Nun Gusti, mugi ageung pangapura kana katalingeuhan abdi Gusti. Fupi
margina kieu di satengahing jalan, abdi Gusti tepang sareng Heulang Belang. Manéhna naros ka
abdi Gusti. Ku margi ku abdi Gusti teu diwaler, manéhna ngambek teras nyamberan sareng…”

“Na, ku naon atuh nu matak teu ditémbalan?” saur Dewa Guru megat kalimah. Walon Déwa
Anta, “Dupi margina, san’es pisan abdi Gusti tungi atanapi gede hulu, nanging upami abdi Gusti
nyanggem, tangtos endog anu diheungheum téh manurag anu temahna baris pareupeus.”

“Bener, tuluy kusaha?” Saur Déwa Guru, bari unggut-unggutan


“Jeprot Heulang téh ngabintih,” ceuk Dewa Anta nuluykeun caritaanana,”cleng endog téh
mencleng sasik, murag di Pasabrangan. Abdi Gusti kebat ngaléor, nanging Heuang teras baé
ngabeberik, merekpek nyabetan sareng macokan, dugi ka ieu panon teu tiasa ningal sapalih. Di
tegal Kapapan endog téh murag deui sasiki. Éta margina anu mawi mung sasiki anu tiasa
kasanggakeun mah. Teu aya sanés, timbang taraju anu kasuhun.”

Saur Dewa Guru, “Heug, Anta, manéh ku kai dihampura sarta dibebaskeun tina kawajiban
néangan batu keur tatapakan Ayeuna manéh geura mulang, sarta eta endog anu sasiki téa geura
sileungleuman. Engké mun geus megar, anakna sanggakeun ka kami.”

Walon Déwa Anta, “Unjuk sumangga, abdi Gusti amit mundur.”


Dewa Guru, “Bral!”
Sanggeus datang ka imahna, tuluy endog téh disileungleuman. Lila-lila endog téh megar jadi.
putri geulis. Eta putri ku Déwa Anta disanggakeun ka Dewa Guru
Sang Hyang Pramésti pohara bingaheunana, ngan kawas nu bingung kumaha Tigurusna. Tuluy
sasauran ka Batara Narada, saurna, “Kakang Narada, kula atoh narima leu budak, tapi bingung
kumaha ngurusna, jeung ka saha kudu nyusuna?”
Walon Batara Narada, “Teu kedah jadi kaéwedan, Adi Guru, kapan aya tuang rai Dewi Uma
Pasrahkeun ka anjeunna. Cenah éta teu aya cisesepan, atuh jiad baé ku Adi Guru, moal teu juuh.”
Saur Dewa Guni, “Leres, Kakang, urang pasrahkeun ka manéhna Mangga, saur baé
Teu lila, langgéor anu geulis Déwi Uma ngadeuheusan ka tuang carogé. Brek calik,
cedok nyembah.

“Kieu, Geulis, nu matak disaur téh,” saur Déwa Guru, “ieu Kakang narima orok ti Déwa Anta,
asal tina endog. Pangrorokkeun ku Nyai.”
Cong Déwi Uma nyembah, galindeng sasauran, “Sumangga, Gusti, timbalan badé diéstoleun
pisan. Mung kumaha nyesepanana?”
“Gampil, Nyai. Beu, ku Kakang dijiad!”
Sanggeus Déwi Uma dijiad, tuluy orok téh disesepan mani ngalekik. Eta putri tuluy dinamian
Nyi Pohaci Sang Hiang Sri, nénéhna Déwi Sri. Ti harita Déwi Sri dirorok ku Déwi Uma.

Vous aimerez peut-être aussi