Vous êtes sur la page 1sur 1

Assalamualaikum warrohmatullohi wabarokatuh

Bapa miwah ibu, hadirin sadayana hormateun sim kuring


Langkung tipayun sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Alloh
SWT. Rehna dina denget ieu urang sadaya tiasa ngempel ngariung di ieu
patempatan. Solawat sinareng salam mugia didugiken ka jungjunan urang
sadayana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sohabatna,
sareng ka jalmi-jalmi anu tumut ka mantenna.
Salajengna sim kuring ngahaturkeun nuhun ka Bapa miwah Ibu kalih hadirin
sadayana anu parantos kersa rurumpaheun sumping kana ieu acara, nyaeta acara
Paturay Tineung sareng pangjurung dunga ka para siswa anu parantos lulus ti
ieu sakola. Pamugi ieu acara teh aya dina rido sareng kenging barokah ti Alloh
SWT. Amin.
Sumangga ieu acara urang buka sasarengan ku maoskeun basmallah :

ِ ‫بِ ۡس ِم ٱهَّلل ِ ٱلر َّۡح ٰ َم ِن ٱلر‬


‫َّح ِيم‬
Hadirin anu sami lenggah.
1. Bubuka
2. Maos ayat suci Al-Qur’an
3. Laporan Pupuhu Panata Calagara
4. Nembangkeun Kawih “Tanah Sunda” sareng “Sabilulungan”
Para wargi sadayana, alhamdulillah, sadayana runtuyan acara parantos
kahaturkeun kalawan lulus banglus. Upami tea mah seueur kakiranganana
sareng kirang nyugemakeun dina prak-prakanana, atas nami panata calagara sim
kuring neda sih hapuntenna.
Hatur nuhun kasaya pihak anu parantos ngarojong kana ieu acara. Hapunten
upami parantos ngabarubahkeun. Sumangga urang pungkas bae ieu acara ku
sami-sami ngucapkeun hamdallah :

َ ‫ۡٱل َحمۡ ُد هَّلِل ِ َربِّ ۡٱل ٰ َعلَ ِم‬


‫ين‬
Wabillahi taufiq wal hidayah. Wassalamu’alaikum warohmatullohi
wabarokatuh.

Vous aimerez peut-être aussi